Вы находитесь на странице: 1из 2

Nama: Aprilianti karim

Kelas : 2 AK

Si kabayan di cukur II
saperti biasa si kabayan teh pada kanyahoan yen jahe= jago he-es, teu
kaop nyarande langsung ker bae he-es… ninggali pangalaman samemehna si
kabayan ayeunamah lamun dicukur teh sok ati-ati kasieunan bisi gara-gara sare
antukna sirahna lenang beak.
si kabayan buukna geus jabrig deui ahirna niatan rek di cukur, ari tukang cukur nu
resep ngadalang tea, teh ngan hiji-hijina anu tempatna paling deukeut jeung imah
si kabayan. nya eleh deet si kabayan datang deui ka tukang cukur eta. si kabayan ti
barang gek diuk oge geus reup-reupan tunduh, antukna si kabayan nyarita ka
tukang cukur ulah ngadalang cenah sok matak tunduh mending ngadongeng nu
sejenna wae… nya demi nyugemakeun pelanggan, tukang cukur teh teu ngadalang
tapi ngadongeng ngenaan tangkuban perahu… si kabayan atoheun pisan ..salamet
ayeunamah gerentesna.
“tah kacaritakeu waktu Dayang Sumbi di usir ti karajaan…..” si kabayan langsung
reup sare…waktu lilir tukang cukur masih keneh ngadongeng…” antukna Dayang
Sumbi hirup di leuweung di baturan ku si tumang….kang tos beres tah..” si
kabayan asa kagareuwahkeun langsung ngajawab ” mang terus keun….” trek…
trek….tukang cukur neruskeun hancana bari ngabuih ngenaan dongengna…”
geus sawatara lila si kabayan di geuingkeun ku tukang cukur… “kang beres
tah…” si kabayan kaget tina sarena terus nyarita ” mang terus keun lah….” bari
ker deui sare…. kitu jeung kitu wae tiap tukang cukur nyebut beres si kabayan
ngajawab terus keun mang… antuk na si kabayan di degungkeun ku tukang cukur
lantaran dongeng tangkuban perahu geus tamat titatadi jeung manehna ngarasa
cape ngadongeng nepi katamat bari teu reureuh.. “kumaha ieu teh teruskeun…
teruskeun ieuh kuring cape bari jeung naon deui anu kudu di cukur sakieu geus
lenang kieu…” si kabayan lilir bari ninggali kana eunteung ari ret teh bener wae
sirahna lenang deui alias botak…, sikabayan ambek ka tukang cukur “naha make
di beakeun buuk kuring ieu teh mang..”…. “apan kukuring tadi di sebutkeun beres
naha atuh nyebutkeun teruskeun wae…” si kabayan handeueuleun pisan bari
nyarita “nu di teruskeun teh ngadongengna lain nyukuran buuk dewek…” tukang
cukur ngajawab “bonganna atuh he-es teh mani kamalinaan…” si kabayan ngan
hing deui ceurik bakating ku kesel, komo ari balik barudak pada moyokan bari
ngabring-ngabring … “penjol…penjol…penjol….” cenah.

Вам также может понравиться