Вы находитесь на странице: 1из 1

Mangpaat Buah Dalima Pikeun Kasehatan

Dalima (Punica granatum) nyata buah anu lain asli ti Indonsia, tapi aslina th
ti Iran. Tapi di Indonsia og urang sering manggihan ieu buah th. Dalima sok aya
dina salad atawa dina rujak tujuh bulanan. Dalima th aya tilu jenis; dalima beureum,
dalima bodas, jeung dalima hjo. Dalima-dalima ta th ngabogaan mangpaat pikeun
kasehatan, alus og keur kacantikan.
Dalima ngabogaan kandungan punicalagin anu bisa ngajaga pembuluh artri
supaya anggr lentur jeung bisa ngurangan radang dina pembuluh getih. Dalima
beureum bisa nurunkeun risiko panyocokan dina pembuluh artri anu bisa ngahambat
aliran getih ka jantung jeung otak. Dalima beureum og bisa nurunkeun kolesterol
dina awak jadi tiasa ngajaga kasehatan jantung urang. Dalima beureum ngandung
fruktosa tapi moal matak diabetes. Dalima beureum tiasa ngurangan tekanan getih
jeung tiasa ngajaga getih supaya henteu ngagumpal. Dalima beureum ngandung loba
antioksidan anu tiasa ngahambat sel kanker jeung tiasa ningkatkeun kakebalan awak
urang supaya sehat jeung kuat.
Dalima ngandung zat besi anu tiasa nyegah panyakit anmia. Jelema anu boga
panyakit ostoarhtritis dianjurkeun dahar buah dalima kusabab dalima tiasa
ngurangan radang tulang. Serat anu tinggi dina dalima tiasa ningkatkeun pencernaan
urang. Dalima og tiasa ngubaran diar jeung disntri, carana nyata dalimana
dijadikeun jus tuluy dicampuran ku madu.
Dalima ngandung vitamin jeung minral anu alus pikeun anu kakandungan.
Dalima tiasa ngurangan risiko orok anu prmatur. Pikeun kacantikan, dalima tiasa
nyegah pigmentasi, ngubaran jerawat, alus pikeun anu ngabogaan kulit minyakan. Jus
dalima og tiasa nyegah buuk anu murudul jeung ngajadikeun buuk urang sehat.

Maudy Ahadya P S
XII MIPA I

Вам также может понравиться