Академический Документы
Профессиональный Документы
Культура Документы
dunia
Lamun ngadangu klentringna sora awi anu disusun harmoni birama jeung tangga
nadana teras bari kadangu alunan tembang Es lilin, komo tiasa oge lagu-lagu ti kulon
sapertos "Bohemian rapsodia" pasti matak muringkak bulu punduk, matak nyurudcud
cai soca, ngarasa bangga jadi urang sunda, sok sanajan rumasa teu bisa ngajaga, boro-
boro ngaropea.
Muhun angklung teh seni asli pituin urang Sunda anu pernah di-claim nagri jiran,
Malaysia, tapi alhamdulillah kaping 16 November 2010 unesco ngaresmikeun alat
musik warisan karuhun Indonesia di bumi pasundan, Jawa Barat. Minangka "warisan
budaya takbenda Indonesia" dina Sidangna nuka-5 Komite Antar-Pamarentah dina
rangka ngaropea warisan budaya takbenda(Inter-Governmental Committee for the
Safeguarding of the Intangible Cultural Heritage (IGC-ICH) anu dialaksanakaeun di
Nairobi, Kenya, pada 16 November 2010, ngukuhkeun 46 nominasi mata budaya
takbenda ti 31 nagara, di antarana teh Angklung ti Indonesia.
Harita teh Sidang UNESCO dibuka ku Wakil Presiden Kenya, Stephen Kalonzo Musyoka
anu didampingi Direktur Jenderal UNESCO Irina Bokova sareung Dr. Jacob Ole Miaron,
Ph.D minangka chairperson (presiden persidangan) ti Kenya. Kirang langkung 460
peserta hadir minangka utusan/wawakil ti Negara-negara Pihak, juru tinjau (observers),
wawakil organisasi internasional, wawakil LSM/NGO, jeung para pakar budaya.
Angklung diponten Unesco teh ceunah, ngandung nilai-nilai dasar kerjasama, saling
ngaragangan, jeung sugih ku nilai harmoni sosial, anu jadi dentitas budaya masyarakat
Jawa Barat sareung Banten. Unesco oge nganilai angklung teh ngan ukur aya di
Indonesia, tiasa ditinggal dina catetan Prasasti Cibadak taon 1030 Masehi. Prasasti
nyatat, angklung biasana digunakeun raja Sunda Sri Jaya Bupati kanggo acara
kaagamaan.
Pangakuan Unesco teh manjangkeun kakayaan budaya warisan asli budaya Indonesia
minagka pangkuan dunya nu samemehna keris, batik jeung wayang. Departemen
Kebudayaan dan Parawisa nargetkeun 10 warisan budaya Indonesia lainna supados
diakui dunia dugi ka taun 2014.