Вы находитесь на странице: 1из 2

Carita Cadas Pangeran

Ti jaman baheula knh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan ged
cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar og can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur
kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jndral Dandels muka jalan pos ti Anyr ka Banyuwangi.
Kaayaan Cadas Pangran harita masih knh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi,
Dandels tetep marntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.

Nampi parntah ti Gubernur Jndral, Kanjeng Pangran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat
Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana.
Kawantu nu kudu dibobok th cadas nu sakitu teuasna, hasilna th henteu sabaraha. Katambah-
tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.

Kocap hiji po Kanjeng Pangran, diiringkeun ku Patih Radn Demang Mangku Praja, seja nampi
pamariosan Gubernur Jndral Dandels atawa anu sok disebut og Jndral Guntur. Tabatna Jndral
Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda.
Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk,
tandaning ambek pohara.

Kana kabiasaan haok porongos Jndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangran uninga. Ku kituna ti
anggalna knh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas
henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.

Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh
gimir, sareng teu bad nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hsna ngadungkaran gunung
batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.

Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digaraw. Atuh Kangjeng Pangran gancang
ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat
Kangjeng Pangran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak
sasalaman mah.

Ningali kalakuan Jndral Guntur kitu, Kangjeng Pangran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu.
Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rk diantep jadi korban, gara-
gara nedunan kahayang maranhna.

Pikeun nmbongkeun eusi manahna, barang Jndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku
Kangjeng Pangran cukup ditampanan ku panangan palih knca. Sedeng panangan anu hiji deui,
dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkngna. Ngahaja deuih si keris th
digilirkeun ka bh payun.

Nyaksian kajadian kitu, kabh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ram th, jep jemp lir
gaang katincak. Sarra teu nyangka Kangjeng Pangran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku
Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jndral Guntur beuki parna. Jelema tukang
nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana pirameun. Kumaha
lamun Jndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina nwak Kangjeng Pangran sabalad-balad.

Nnjo kalakuan Pangran Sumedang siga nu ngajak adu wawann, Jndral Guntur langsung molotot.
Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangran males molotot deui. Tungtungna
duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu lh ku bangsa jajahan, sanajan
pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi
pamingpin.

Bisa jadi lantaran kaburu lh mamaras, Jndral Guntur pok miheulaan nanya, Rgen, naon maksud
anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun knca?

Rgen th sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangran, Kangjeng Tuan, sim kuring
reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parntah kumpeni. Lain teu hayang geura-
geura nganggeuskeun pagawan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hsna ngabobok
gunung batu anu sakieu teuasna, bari nyejekkeun sampan kana cadas. Ngahaja sim kuring
nmbongkeun kanyeri hat, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Bh dituna supaya
Kangjeng Tuan uninga, yn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian
rayat dikakaya. Nepi ka po ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.

Panjang lebar Kangjeng Pangran sasauran, nepi ka Jndral Guntur sadar, ttla kendorna pagawan
th, lain kurang temen digarawna. Tapi, lantaran kacida hsna. Harita knh manhna ganti
marntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zni, lengkep jeung parabot keur
nugaran gunung cadas.

Salila nungguan tentara zni daratang. Kangjeng Pangran miwarang rayat digaraw deui, ngan teu
kudu maksakeun hayang ra beubeunangan.

Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan nggal
ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang
teu burung anggeus. Sedengkeun ta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangran. Maksudna
keur pangling-ngling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangran Kusuma Dinata.
Sakapeung sok disebat Pangran Kornl.

Вам также может понравиться