Вы находитесь на странице: 1из 4

Kang Yus Seniman Sunda

Yusep Tamaswara atanapi kang Yus dibabarkeun di Bandung kaping 1 Oktober 1963.
Wasta di imahna nyaeta Kang Yus, disakolaan nyaeta Yusep Tamaswara. Propesi atanapi
kaahlianana nyaeta di widang karawitan, mung anu tarerang pisan mah Kang Yus teh
disebut Setan Kacapi sabab jago pisan maen kacapina.
Kang Yus ngamimitian seni ieu ti taun 1972, ti kelas 2 sakola dasar salirana tos tiasa
milarian artos tina seni ieu. Janten kirang langkung tos 41 taun Kang Yus papuket di dunia
seni sunda. Pangalaman seni Kang Yus lamun diibaratkeun di ABRI mah salirana tos janten
jendral. Tos loba pisan
pangalamannana.
Pas leutik, Kang Yus teu
kapikiran bakal jadi seniman
sapertos kieu nanging kusabab
katurunan, lingkungan kaluarga,
sareng ninggal sepuh sok
latihan. Tos janten kadaharan
sapopoe kangge Kang Yus,
janten salirana tos kajiwaan ku
seni sunda. Kang Yus asalna
sakola di SMKI (Sekolah
Menengah Karawitan Indonesia)
di Buah Batu. Kang Yus teu nepi
ka kuliah.
Salah sahiji maksad Kang Yus ngajalankeun propesi ieu, mimitina kusabab kaluarga.
Kang Yus sorangan tos gaduh 3 putra ti istrina. Istrina Kang Yus teh urang Ciamis, Kang Yus
tiasa kawin jeung istrina teh dina bati jaipong. Kusabab propesi ieu, kang Yus tiasa masihan
distribusi kanggo kaluargi Kang Yus, putra Kang Yus anu kahiji tos di damel Telkomsel
Surabaya, nu kadua di bank JABAR Indramayu, nu katilu di STHB Cihampelas
Prestasi anu parantos kacangking ku Kang Yus teh salah sahijina ngadamel kaset
atanapi vcd, ngadamel pupuh, ngorbitkeun artis sunda sabab kang Yus propesi atanapi
kaahlianana ditukang layar, sareng seeur deui. Kang Yus oge gaduh paguyuban kangge
generasi nonoman nu janten penerus kaahlian Kang Yus. Salirana gaduh sanggar kursus
kacapi, biasana sanggar ieu sok diondang kangge upacara adat, degung, rampak gendang
atawa sajabana. Ayana sanggar Kang Yus teh di Jl. Cemara Selatan nyaeta di bumi na salira.
Kapungkur Kang Yus gaduh padamelan anu sanes, nyaeta di LIPI , mung LIPI na ngalih
ka Serpong, terus tos karasa di seni oge jadi Kang Yus mutuskeun kaluar. Ayeuna Kang Yus
janten asisten salah sahiji dosen di UPI diwidang karawitan.
Putra Kang Yus saleresna teu aya anu neraskeun propesi atanapi kaahlianna ayeuna,
nanging lamun dipiwarang maenkeun alat musik karawitan, sadayana tiasa sabab tos janten
kadarahanna. Istri Kang Yus lain ti ranah Sunda nanging istrina ngadukung sapenuhna, naon
anu janten pagawean Kang Yus ayeuna.
Salah sahiji artis anu asalna murid Kang Yus, nu masih populer nepika ayeuna nyaeta
Cicih Cangkurileung sareng Nova. Ciri khas artis nu diorbitkeun ku Kang Yus nyaeta lagu-lagu
na ciptaan Kang Yus, sareng jenis karawitanna karawitan Wanda Anyar.
Lagu sunda kirang dipikaresep ku nonoman urang sunda pituing, kusabab ceuk bapa
mah kecap-kecapna oge lain picontoeun atawa murahan janten eta sababna teh.
Cara bapak nanggepanna: ieu mah urusannana kudu jeung pamarentah.
Suka sareng dukana teh lamun sukana mah tos jaranten kaluarga ti manggung, dukana
lamun manggung dianjuk ku nu hajat, seeur suka dukana mah
BIOGRAFI BASA SUNDA
YUS TAMASWARA

Disusun Ku:
Kelas : X IPA 2
Anggun Nurlatifah
Fauziah Azizah
Widya Dwi Lestari

SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 4 BANDUNG


2013/2014

Вам также может понравиться