Вы находитесь на странице: 1из 2

Hari pendidikan Nasional

Assalamualaikum wr.wb
Bapa guru anu ku simkuring dipikahormat, jeung rerencangan sadayana anu ku simkuring
dipikacinta Puji sinareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah nu maha suci, margi urang sadaya
tiasa kempel dina ieu acara. Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam kanjeng
Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan dugi ka para sohabatna, para tabii’n tug dugi ka urang
sadayana anu nganut ka mantenna.
Dina kasempetan ieu simkuring kenging pancen pikeun biantara dina raraga hari pendidikan
nasional 2 mei taun 2017. Dinten ieu, urang sadayana sasarengan mieling hari pendidikan nasional nu
diabadikeun dina satiap tanggal 2 mei.

Naon margina hari pendidikan ditetepkeun dina tanggal 2 mei teh? Saleresna tanggal eta
dicandak tina tanggal kalahiran salah saurang tokoh pendidikan indonesia nyaeta Doktor Suwardi
Suryaningrat nu katelahna Ki Hajar Dewantara. Naon margina hari pendidikan ditetepkeun dina tanggal
2 mei teh? Saleresna tanggal eta dicandak tina tanggal kalahiran salah saurang tokoh pendidikan
indonesia nyaeta Doktor Suwardi Suryaningrat nu katelahna Ki Hajar Dewantara.

Sapertos anu kauninga ku urang sadayana, yen masalah pendidikan hiji hal anu kacida pentingna
kanggo urang sadayana, khususna para pamuda pamudi tunas bangsa pewaris cita-cita nuju kana
masyarakat anu subur makmur gemah ripah repeh rapih. Simkuring bade ngadugikeun tujuan
pendidikan nasional diantawisna nyaeta :

1. Ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT, nyaeta ngajalankeun sagala parentahna jeung ngajauhan
sagala anu dilarangna.
2. Ningkatkeun kacerdasan jeung katerampilan bangsa anu saluyu jeung bakat, tabiat anu aya di
urang sadaya.
3. Mere didikan jeung atikan ku budi pakerti anu pinuji.
4. Nguatkeun kapribadian-kapribadian anu mandiri nu kudu di pertahankeun nurutkeun kaedah-
kaedah nu aya dina pancasila jeung undang-undang dasar sarebu salapan ratus opat puluh lima.
5. Ngandelan sumanget kabangsaan sangkan bisa nuwuhkeun manusa-manusa pangwangunan nu
kuat mentalna hade budi parangina.

Hadirin nu ku simkuring di pihormat, ku ayana kasempetan ieu mangga urang usaha pikeun nuwuhkeun
sumanget jeung rasa kabangsaan di diri urang sadayana anu parantos dicontokeun ku Bapa Pendidikan
Ki Hajar Dewantara. Teu hilap ka rerencangan para pelajar hayu urang babarengan giat diajar sing jadi
jalma anu cerdas jeung terampil tur boga budi parangi anu hade.

Rupina sakitu anu kapihatur kapayuneun Bapa,sareng saderek sadaya mugi-mugi pedaran anu nembe
aya gunana katut manfaatna.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Вам также может понравиться