Вы находитесь на странице: 1из 10

TAWAKAL

Hadirin Rohimakumulloh

“Tina   hadits   anu   katampi   ti   Abdullah   bin   Abbas   Rodhiallohu   ‘Anhu,


Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam dadawuh : parantos dituduhkeun
ka kami kaayaan umat zaman baheula, nepi ka kami ningal hiji Nabi anu
umat na ngan saeutik, jeung aya Nabi anu ngabogaan umatna anu ngan
saurang atawa dua urang, malah aya Nabi anu sama sakali teu ngabogaan
umat.   Ngadadak   katingali   ku   kami   aya   rombongan   umat   anu   loba,
sangkaan   kami­   dawuh   Nabi   Muhammad­   eta   teh   umat   kami,   tapi
dibejakeun ka kami yen eta mah Nabi Musa ‘Alaihis Salam sareng umatna.
Terus dibejakeun deui ka kami, tuh tingali ka tungtung katuhu jeung kenca
anjeun, ngadadak aya rombongan anu kacida lobana. Terus disebutkeun eta
teh umat salira, jeung di sagigireun rombongan eta aya tujuh puluh ribu
anu   asup   surga   tanpa   hisaban.   Sparantos   ngadugikeun   wartos   eta,
kangjeng  Nabi  gugah  teras  lebet  ka  bumina, sahingga   para  sahabat  anu
ngariung harita ngadu renyomkeun masalah rombongan anu lebet ka surga
tanpa   hisaban.   Aya   anu   ngagaduhan   pendapat,   yen   eta   rombongan   teh
sahabat­sahabat   Rosululloh   Sholallohu   ‘Alaihi   Wasallam.   Aya   oge   anu
berpendapat   yen   rombongan   anu   teu   dihisab   jaga   teh,   jalma   anu   lahir
dilingkungan   Islam   bari   teu   pernah   milampah   kamusyrikan,   jeung   loba
pendapat­pendapat   lainna   salian   ti   eta.   Waktos   Rosululloh   Sholallohu
‘Alaihi  Wasallam nepangan para sahabat teras  naros :”naon anu keur di
obrolkeun   ku   aranjeun   teh   ?”.   para   sahabat   ngadugikeun   sagala   obrolan
tadi.   Rosululloh   Sholallohu   ‘Alaihi   Wasallam   dadawuh   :”Rombongan   anu
teu   kenging   hisaban   jaga   teh,   nyaeta   jalma­jalma   anu   teu   pernah
ngajampean atawa di jampe­jampe jeung teu pernah nebak­nebak nasib na
ku perantaraan kila­kila. Jeung ngan ka Pangeran na wungkul, aranjeun
teh tawakal” (HR. Bukhari & Muslim).
Ieu hadits teh masih aya sambunganna jeung memang ditarjamahkeun ku
basa anu gampang kahartina ku urang, ngan urang perhatikeun heula we
nepi ka dinya. Da ku sakitu ge kacida leubeutna pelajaran anu bisa di guar
tina eta hadits, diantarana bae :
1. Yen teu sadaya Nabi Alloh anu lobana 125 rebu teh, da’wah na berhasil
ngajak umat na kana jalan tauhid, malah tadi ge disebutkeun anu sama
sakali tanpa pengikut oge aya.
2. Metode   pangajian   Nabi   Rosululloh   Muhammad   Sholallohu   ‘Alaihi
Wasallam, geningan loloba na mah ku cara ngobrol;
3. Diantara umat Muhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasallam aya kelompok
anu lebet surga tanpa hisaban;
4. Jeung sajaban ti eta.

Hadirin Rohimakumulloh

Tangtu   bae   upama   di   guar   pelajaran   tina   hadits   tadi   hiji­hiji,   sigana
jama’ah sholat jum’at ayeuna bakal bubar samemeh rengse, sabab butuh
waktu   anu   lain   sajam­dua   jam   keur   ngabahas   tuntasna.   Dalah   karek

khutbah satengah jam ge loba anu humadeuar, aya anu ngagorowok amiin
samemeh ngado’a.
Tah   anu   urang   coba   dina   poe   ieu,   koreh   deet   ngeunaan   pelajaran   tina
hadits   tadi,   nyaeta   rombongan   umat   Muhammad   anu   asup   surga   tanpa
hisaban   tea.   Dina   hadits   tadi   ditetelakeun   yen   jalma­jalma   anu   moal
meunang   hisaban   jaga   teh   jalma­jalma   anu   tawakal   dina   hirup   na.
Diantara ciri­ciri tawakal anu disebutkeun tadi, nyaeta :
1. Teu   pernah   sama   sakali   percaya   kana   jampe   pamake,   boh   di   jampe
atawa   ngajampe.   Jajauheun   percaya   kana   isim,   pusaka   atawa
sabangsaning karamat­karamat, boh mangrupa tempat atawa barang.
2. Ngundi nasib atawa nyantel keun nasib kana kila­kila anu mangrupa
manuk koreak, kingkilaban, sora bangbaung anjing jeung sajabana ti
eta.   Da   di   urang   mah   khusus   na   urang   sunda,   masih   loba   keneh
percaya kana anu can karuhan model kitu. Leuwih percaya keneh kana
dongeng batan katerangan anu tetela tina Qur;an jeung hadits Nabi.
3. Nasib   diri   bagja   awakna   dicangreudkeun   iwal   ka   nu   hiji,   kayakinan
hirupna ngan manteng ka Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.

Hadirin Rohimakumulloh

Piraku urang asa teu kabita­bita acan, asup ka sawarga tanpa dihisab. Sok
sanajan   ku   rarasaan   asa   jajauheun   upama   urang,   anu   lampah   na   loba
keneh lampah salah batan amal soleh. Tapi ku kayakinan bakal meunang
na   rohmat   ti   Alloh  Alloh   Subhanahu   Wa   Ta’ala,  atuh   ari   harepan  bakal
meunangna   hisaban   anu   enteng   di   yaumil   hisab   mah,   lain   perkara   anu
pamohalan.   Pasti   bisa   saupama   urang   daek   ngusahakeun   nana.   Nya
diantarana, dina lengkah gerak hirup salila kumelendang di alam dunya
ieu dibarengan ku ka tawakalan ka Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Sabab ari
tawakal teh mangrupakeun salah sahiji sifat jeung ciri hiji jalma mu’min,
sakumaha pidawuh Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, dina surat al­Anfal ayat
2 :

“Saestuna   teu   aya   lian   jalma­jalma   mu’min   teh,   ngan   upama

disebut   asma   Alloh,   lap   hatena   ngalenyap;   jeung   upama

dibacakeun ka maranehna ayat­ayat­Na, jadi nambahan kaimanan

ka   maranehna,   jeung   ka   Pangeran   maranehna,   maranehna

tawakal”

Kecap tawakal kadang­kadang disalah hartikeun atawa ngahartikeun nana
kurang pas, teu merenah jeung harti anu sabenerna. Tawakal sering dipake
keur ngupahan jalma anu katibanan karipuh, ukur dipake ngabeberah anu
meunang   kasusah,   jadi   weh   hartina   leuwih   deukeut   kana   sikep   teu
walakaya, sikep jalma anu geus teu aya kadaek, malah leuwih salah deui,
tawakal teh dipake alesan keur jalma anu kurang sumanget dina ikhtiar,
boh dina kadunyaan atawa ngudag kahadean keur akherat. Mun geus kitu,
harti   tawakal   jadi   salah,   tawakal   teh   leuwih   deukeut   dihartikeun   sikep
pamalesan, tawakal jadi kalimat negatif.
Tah ku sabab eta, perluna memahami harti tawekal anu sabenerna jeung
kumaha syarat­syarat atawa ciri­ciri tawakal anu bakal ngahampangkeun
jalma jaga di yaumil hisab.  
Hadirin Rohimakumulloh

Tawakal   asalna   tina   bahasa   arab  at   tawakul  anu   di   bentuk   tina   kata

wakala,   hartina   masrahkeun   diri,   mercayakeun   atawa   ngawakilkeun,


nyarandekeun kana tembok. Jadi hahartian tawakal sacara istilah nyaetah
rasa   pasrah   hamba   ka   Alloh  Subhanahu   Wa   Ta’ala   anu   di   barengan   ku
daya   jeung   upaya   patuh,   satia   jeung   nedunan   kana   sagala   katangtuan
jeung   aturan   Alloh,   boh   anu   sifat   na   kauniyah   atawa   Qur;aniyah.   Ayat
kauniyah   hartina   nedunan   kana   aturan   anu   berlaku   di   tata   aturan
kamasyarakatan   atawa   aturan   alam,   sunatulloh,   sedengkeun   aturan
Qur;aniyah hartina nyarandekeun kana aturan hukum anu geus tegas dina
Qur;an jeung Hadits Nabi Sholallohu ‘Alaihi Wasallam.
Jalma  anu   ngabogaan  sikep  tawakal  salilana   bakal   bersyukur     saupama
meunang hasil atawa sukses dina usahana. Sabab yakin yen keberhasilan
anu kapimilikna eta kabeh ayana izin ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, lain
ku sabab tarekah jeung daya upaya pribadina, sahingga jalma anu tawakal
upama   meunang   kasuksesan   moal   katibanan   ku   rasa   sombong,   takabur,
asa aing, malah ku cara aya kasadaran yen keberhasilan dina usaha teh
karana izin ti Alloh, mangka moal ngarasa lebar upama sabagian tina hasil
usahana kudu di shodaqohkeun atawa kudu di zakat an.
Sabalikna jalma anu ngabogaan sifat tawakal, lamun meunang kagagalan
dina usahana bakal sabar nyanghareupan sagala anu katibanan ka dirina.
Contona upama tina usaha pertanian nana gagal ku sabab ka serang hama,
moal nepi ka putus asa, sabab yakin sok sanajan teu kapimilik hasilna, tapi
pepelakan   anu   keuna   ku   hama   teh   bakal   jadi   infaq   keur   dirina.   Atawa
barang­barang anu leungit tina usahana upama ngabogaan sikep tawakal,
bakal jadi infaq moal leungit kiyu deui, asal saupama meunang kagagalan
ikhlash yen sagala anu tumiba ka dirina mangrupakeun kahadean ti Alloh
Subhanahu Wa Ta’ala.  
Akibat tina sikep tawakal anu diterangkeun saperti tadi, bakal ngabentuk
jiwa   jalma   na,   timbul   motivasi   jeung   daya   dorong   kana   ningkatkeun
kaimanan, hal ieu akibat : 
1. Yakin sapinuhna  yen anu kawasa  anu nangtukeun  sagala perkara
mung Alloh Subhanahu Wa Ta’ala;
2. Uninga kautamaan tina sikep tawakal ieu;
3. Sadar yen manusa mah teu daya teu upaya, loba kalemahan jeung
kakurangan. 

Hadirin Rohimakumulloh

Jadi sikep tawakal teh, pengertiaannana lain sikep males, lain sikep api
lain, lain sikep antepan jeung kumaha behna. Tapi tawakal mangrupakeun
usaha positif, tawakal teh 99 % ikhtiar, usaha jeung daya upaya anu kudu
dilaksanakeun ku pribadi jalmana, sakumaha pidawuh Alloh Ta’ala dina
Surat ar­Ra’du 11 :

“.....Saestuna   Alloh   moal   ngarobah   nasib   hiji   kaum   sahingga

maranehna ngarobah nasib dirina.......”

Sedeng 1 % na mangrupakeun “KUN” Alloh Ta’ala, izin Alloh. Mangka kana
sagala   perkara   mun   tos   aya   izin   ti   Mantena,   kanggo   Alloh   kantun

“FAYAKUN”

Hadirin Rohimakumulloh
Upama   nengetan   kana   penjelasan­penjelasan   anu   diterangkeun   dina
khutbah   kahiji   tadi,   tembong   we   yen   anu   disebut   sikep   tawakal   teh
ngabogaan syara­syarat. Jadi mun can nedunan kana syarat­syarat ieu, hiji
jalma can bisa dikatagorikeun ngabogaan sikep tawakal, paling henteu aya
4 syarat pikeun jadi jalma tawakal, aya opat unsur hiji jalma disebut geus
tawakal, nyaeta :
1. Mujahadah
2. Syukur
3. Sabar
4. Do’a 
Hadirin Rohimakumulloh

Kahiji  Mujahadah,   hartina   soson­soson   dina   migawe   hiji   pagawean,

seurius   dina   ngudag   tujuan,   henteu   asal­asalan,   henteu   puraga   tanpa


kadengda.   Migawe   hiji   pagawean     pinuh   ku   kayakinan   yen   bakal
ngahasilkeun sagala anu dipiharepna,   siap ngaliwatan tangtangan jeung
hambatan anu disanghareupan jeung siap ngaresikoan sagala akibat tina
eta pagawean. Satiap niat ngalaksanakeun pagawean atawa amal sholeh
salilana dibarengan ku kayakinan yen usahana bakal meunang pitulung ti
Alloh Subhanahau Wa Ta’ala jeung yakin kana jangji Mantena dina Surat
al­Ankabut 69 :

“Jeung   jalma­jalma   anu   digawe   tihothat   dina   (urusan)   Kami,

saestuna Kami baris maparin pituduh ka maranehna kana jalan

Kami,   jeung   saestuna   Alloh   nyarengan   jalma­jalma   anu

ngalampahkun kahadean”

Jadi   jalma   tawakal   mah,   dina   migawe   hiji   pagawean   boh   anu   sifat   na

amaliyah  dunyawiyah, keur ngudag kabutuh bekel hirup di dunya atawa

anu sifat na  ukhrowiyah, keur ngudag ganjaran bekeleun jaga di yaumil
hisab. Satiap lengkahna pasti di Bismillahan, nyaeta mun ngamodalan tara
satengah­satengah,   disesuaikeun   jeung   kabutuhannana,   upama   kudu
ditanagaan jeung enyana kaluar tanaga usahana. Mun ngalaksanakeun hiji

pagawean tara diniatan ku “sugan”. Sabab jalma anu migawe hiji pagawean

diniatan ku “sugan”, mangka hasilna ukur meunang “meureun” . 

Langkung jelas, sifat mujahadah jalma anu tawakal teh diterangkeun dina
hadits anu masyhur :
“dina wanci pasosore datang hiji lalaki mendakan Nabi Sholallohu

‘Alaihi Wasallam. Teras Nabi naros :”hidep ka dieu numpak naon?”,

jawab eta lalaki : “numpak onta. Ku abdi di antep di luar da abdi

mah   jalmi   anu   tawakal”.   Nabi   negeskeun   :”   cangcang   heula,

kakara tawakal”.

Jentre tina katerangan hadits nembe, anu tawakal mah, nyaeta anu geus
narekahan dunyana heula, kakara hasilna di sanggakeun kana kaputusan
Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. 
Sikep mujahadah ieu, keur urang pasantren mah sok di tambahan dalil na
ku babasaan urang Arab :
MAN JADDA WA JADA

“sing saha anu bener­bener dina usahana pasti bakal meunangkeun

hasil” 

Hadirin Rohimakumulloh

Kadua  syaratna tawakal teh, nyaeta sikep syukur. Jalma anu bersyukur

mah bakal dijauhkeun tina rasa sombong jeung takabur saupama sukses
tina   usahana   ngahasilkeun   anu   luyu   jeung   harepan   nana,   bakal
ngarasakeun   jeung   ngamanfaatkeun   rezeki   anu   katarima   luyu   jeung
aturan   katangtuan   Alloh   Ta’ala,   komo   mun   leuwih   mah.   Keuna   ku

babasaan “saeutik mahi, loba mayar zakat”. Kasuksesan jalma anu tawakal

ka Alloh, tara nepi ka nepak dada, tara nepi ka agul ku omongan :”tingali
atuh ari usaha mah siga kuring”, atawa kalimat “kuring tea atuh”. Sabab
jalma   anu   tawakal   mah,   yakin   keberhasilan   jeung   sukses   tina   sagala
usahana, eta teh aya izin ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Kasuksesan jalma
anu tawakal eta teh mangrupakeun jangji Alloh Ta’ala :

“....Jeung   sing   saha   anu   tawakal   ka   Alloh   nya   Mantena   bakal

nyukupkeun (kabutuh)na .....” ( QS. Ath­ Thalaq : 3 ).

Katilu   syarat   jadi   jalma   tawakal   teh,   nyaeta   sabar.   Hartina   tahan   uji,
tahan banting, teu epesan, teu kumeok memeh dipacok, siap menghadapi
tangtangan   jeung   ujian,   kaasup   upama   dina   usahana   gagal,   teu
ngahasilkeun   anu   diharepkeun   ku   dirina.   Sabar   lain   hartina   cicing,
cindeten,   ngarep­ngarep   pamere   jeung   pikawatireun   batur,   sabar   lain

hartina  “meratapi   nasib”,   ngeluh   kana   kasusah,   sabar   teh   lain


nyeungceurikan nasib diri anu prihatin.
Jalma   sabar   mah   bisa   gancang   nangtung   upama   tijalikeuh,   jalma   sabar
mah siap ajeg deui upama kagagalan datang ka dirina, jalma sabar mah
anu boga sikep istiqomah kana aturan Alloh, teu hayang tatanya ka dukun,
pedah usahana teu maju­maju, jalma sabar mah tara mikir hayang gacang
hasil, teu berfikir instan. Jalma sabar mah salilana sumanget perjuangan
na ngagedur, teu lempes pedah dicarekan batur, teu pernah pundung pedah
ditudung batur. Jalma sabar mah tara linduh ku kaiuhan, tara gedag ku
kaanginan.
Jalma sabar mah, perjuangan nana nyonto ka Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi
Wasallam   jeung   para   sahabatna,   saperti   anu   direkam   dina   Surat       Ali
Imron 146
“Jeung geus sababaraha urang Nabi anu perang babarengan jeung

santri­santrina   (ribbiyyun)   nu   pohara   lobana,   tapi   maranehna

henteu   ngarasa   lemah   keuna   balai   dina   jalan   Alloh,   jeung

maranehna   henteu   laip   sarta   henteu   tunduk.   Jeung   Alloh   teh

micinta jalma­jalma anu salabar”

Ayat   ieu   netelakeun,   yen   jalma   sabar   mah   tara   lemah   keuna   ku   balai,
katibanan musibah, siap berjuang sampai akhir. Salilana introspeksi diri
upama   kagagalan   datang   ka   dirina   jeung   dijadikeun   pelajaran   supaya
kagagalan teu datang dua kali.
 
Hadirin Rohimakumulloh

Kaopat jalma tawakal tara nepi ka poho kana ngad’oa, hartina sok sanajan

geus   metakeun   sagala   tarekah,   geus   ngaluarkeun   sakabeh   modal,   sok


sanajan geus ngabetak keun sakabeh tanaga, jalma anu tawakal tara nepi
ka   poho   ka   Alloh   Ta’ala,   sabab   tawakal   teh   nyarandekeun,   jadi   satiap
usaha   jeung   ikhtiar   jalma   tawakal   salilana   di   barengan   ku   do’a   ka
Mantena. Sabab salah sahiji fungsi do’a teh, nyaeta keur nguatkeun jiwa
neguhkeun kalbu, sakabeh kapastian mung aya dina kakawasaan Mantena
Do’a   mangrupakan   unsur   anu   paling   penting   dina   satiap   lengkah   hirup
manusa.   Rosululloh   Muhammad   Sholalallohu   ‘Alaihi   Wasallam
dadawuh :”Teu aya anu paling mulya di sagedengeun Alloh Ta’ala

dibandingkeun do’a". (HR. Ahmad, Bukhori, Tirmidzi dan Nasai) 

Satiap anu ngado’a, hartina eta jalma :
a. Patuh jeung ta’at ka Alloh Ta’ala. 
b. Mangrupakeun   eunteung   yen   dirina   ngahambakeun   diri   ka   Alloh
Ta’ala;
c. Pangakuan,   yen   Alloh   Ta’ala   anu   Maha   Kawasa   sareng   Maha
Ngersakeun, Mantena anu nangtukeun sagala perkara anu tumiba ka
sakabeh makhluq­Na. Boh eta teh sukses atawa gagal.

Hadirin Rohimakumulloh

Jadi kasimpulannana hiji jalma can kasebut tawakal, upama teu nedunan
opat syarat tadi, nyaeta :
1. Mujahadah
2. Syukur
3. Sabar
4. Do’a 

Вам также может понравиться