Вы находитесь на странице: 1из 8

TUGAS BASA SUNDA

DONGENG

Disusun ku :

MUHAMMAD RAFLY S.R.


X IPS 2

SMA NEGERI 1 BANJAR


Jalan K.H Mustofa No.1 Tlp.(0265) 741192 Banjar 46311
2018
Dongéng
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).[1] Nilik
wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.[1] Ilaharna dongéng téh pikeun
barudak.[2] Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-
tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.[1]Corak
rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.[1]

Wangenan
'Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian-kajadian jaman baheula.[2] Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang
ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina [3]. Budi Rahayu
Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur
ukuranana parondok.[4] Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka
jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.[5] Lantaran sumebar dina wangun lisan,
téks dongéng babari robah atawa leungit.[5] Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung
teu di haja.[5]

Papasingan Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nyaéta :

Dongéng sasatoan (Fabél)

Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa
atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi
manusa.[6]Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun
kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran.[7] Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola.[8] Dina kasusastraan Sunda,
dongéng sato téh pohara lobana.[8]

Dongéng babad (Sagé)

Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di


masarakat jeung dina sajarahna.[9] Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula,
umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma
sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul
Muhyi,jrrd.[6]
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)

Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu
dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu
pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan.[10] Lian ti éta, aya
ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.

Dongéng mité

Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat
ku masarakat.[11] Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat
kana alam gaib.[8] Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa,
jeung ayana maot.[12] Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi,
tanda-tanda alam, jsté.[12] Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat
asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti
nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah.[13] Nu asalna ti luar
Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta
ngalaman prosés adaptasi.[13] Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal
jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusamanggihan kadaharan
saperti sangu, jagong,jsté.[13] Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro
Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.[8]

Dongéng Pieunteungeun

Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan


manusa.[14] Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.[14]

Dongéng Pamuk

Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur
bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah.[14] Contoo carita pamuk di wewengkon
Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung
sakral di daérah Jawa Barat.[15] Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji
raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.[15] Contona Weasan Aki Sayang Hawu.[15]

Dongéng sasakala (Légénda)

Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji
kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila,
sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala
mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap
mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik
sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana
nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara.
Papasingan Legenda :

1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda
nu geus dikumpulkeun di antarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan
Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat,
2. Legenda Alam gaib nyaéta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan
mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nyaéta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi
aya kajadianana.
4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nyaéta carita anu aya patalina jeung hiji
tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-
pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ
Patenggang, Sasakala Maribaya.

Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nyaéta dongéng fabél,
dongéng legénda, dongéng sagé, dongéng parabél, Dongéng mité

Unsur-unsur pangwangun dongéng

1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang
dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu
sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.[16]
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.[16] Galur
dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti
nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé,
galur mabok tengah, jeung galur campuran.[16]
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji
carita.[16]
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.[16]
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.[16] Umumna
amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa
ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.[16]
Ciri-ciri Dongéng

1. Caritana pondok,[13] lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok.
Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu
tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.[17]
2. Aya bagian anu pamohalan.[13]
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.[13]
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.[13]
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial,
atawa kahayang nu di sidem.[13] Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi
miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.[17]
6. Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.[13]
7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.[13]
8. Pola ngadongéng sok angger [18]

Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng


Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana
pangaruh Hindu. Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna
(anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan,
asihan, jampé-jampé, kawih, jsté.[19] Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana ti batan
sastra tulis.[20] Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.[19] Ku
sabab téknologi ayeuna beuki maju, nyaéta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat
dina majalah jeung surat kabar.[20] Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di
antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan
sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana :

 Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi jeung U.Syahbudin.[19]


 Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A.Setiawan jeung U.Syahbudin.[19]
 Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat.[19]
 Dongéng-dongéng Sunda, karangan D.K.Ardiwinata, terbit taun 1910.[20]
 Salawé dongéng-dongéng Sunda jeung pariboga, karangan C.N. Pleyte, duanana terbit
taun 1991.[20]
 Warnasari Sunda I, karangan J.Kats, terbit taun 1991.[20]
 Dongéng-dongéng Sunda II, karangan R.H. Muhammad Musa (saduran), terbit taun
1912.[20]
 Dongéng-dongéng Sunda II, karangan Mas Saleh jeung Ardiwinata, terbit taun 1920.[20]
 Sakadang Peucang, karangan Sakadadibrata, terbit taun 1931.[20]
 Dongéng-dongéng Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959.[20]
 Abu Nawas, karangan Mawarun (sadarun), terbit taun 1980.[20]
 Ganjaran Kanu Sabar, karangan M.O.Kusman, terbit taun 1980.[20]
 Beregejed (dongéng pikaseurieun), karangan Taufik Faturrahman, terbit taun 1982.[20]

Dongéng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongéng anu mimitina ngagunakeun basa
lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nyaéta jadi wawacan.

Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh
tradisi.[19] Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun
kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah.[19] Dina jaman masarakat buhun,
dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa
nurutkeun kapercayaan.[19] Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak
céngéng.[19] Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur
ngabobodo budak céngng hungkul, tapi mibanda tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.[19]


2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.[19]
3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.[19]
4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh
kaayaan tali parantina.[19]
5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel
hirupna.[19]
6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.[19]

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975
tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak.[19] Budak
kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasin budak
sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu
leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan
optimal.[19] Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan,
kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana.[19] Éta hal
dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di
Amérika leuwih cerdas ti batan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing
di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng
ngeunaan karuhun ka budakna.[19]
DONGENG SASAKALA SITU BAGEUNDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit.
Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da
ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara
aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja
mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian,
ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa
nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti,
Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku
sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy
diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna
teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku


pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun
téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki
dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu,
“Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék
baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!”
cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus
kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai
téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh
laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat
ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki
lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

Вам также может понравиться