Вы находитесь на странице: 1из 10

“Si Kabayan Dicukur”

Si kabayan teh jalma kedulan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop
nyangkere atawa nyarande sok ger wae langsung kerek.

Sakali mangsa si kabayan teh hanyangeun di cukur. Di cukurna handapeun tangkal gede anu
aya disisi jalan mitrabatik. Ari tukang cukurna teh ruruntuk dalang, tadina boga kahayang
jadi dalang tapi teu kataekan, kalah we banting setir jadi tukang cukur. teu wudu payu
nyukurna teh da eta ari nyukur sok sabari ngadalang.

Gek we diuk Si kabayang teh, ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus langsung
lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa si eta tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung
sisir tuluy wae ngabuih. ngadalang, pok na teh….

“tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh…
ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “.

Si kabayan nu geus lelenggutan ngarasa ka ganggu ku si tukang cukur anu bari dadalang, bari
heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”

Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui…

” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun
wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku
tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng
keneh, ..”

Urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri
Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun
mang….”….terus reup deui peureum.

Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap
si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah
tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan.

Si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok
ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku
Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge
pondokeun…pondokeun…”

Tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana
eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh
ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…

” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh
sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si
kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di
abring-abring “…penjol….penjol….”
Sasatoan Gajah jeung Sireum
Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur
rame ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna teh, teu antaparah deui, leye-
leye bae ditincakan, bongan cenah make ngaliud di jajalaneun.
Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum ningal
baladna rea nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Eh Sakadang Gajah, sato nu telenges,
nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.
Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”
Walon gajah bari seuri, “Rek ngajago Sakadang Sireum teh? Lamun enyaan, heg ku kami
didagoan! Di mana hayang perang teh?”
“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!” gancang, gajah
nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui, tuluy bae nabeuh tangara,
ngumpulkeun kabeh baladna.
Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja sireum, “Eh
balad kami kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh
handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab eta, kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah
sisingeun, kudu pada digarawe.
Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu
nyieun piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade jukutna mah ulah ruksak, kudu
angger bae kawas ayeuna.
Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan beunang
Sakadang Manusa, ka luhurna mah.” Balad sireum saur manuk, kabeh pada jangji rek pada
suhud digarawe, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poe.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus beres. Ti
luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus
bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja Sireum
geus ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-saksi geus karumpul,
nyaeta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon,
nyampeurkeun Raja Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka
Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang
ngasah tujuh poe tujuh peuting, geus sadia bakal maehan sampean.
Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami!” Barang gajah ngadenge
panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da
awakna kaburu tigebrus manten kana piruang, sukuna tipitek.
Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weleh
teu bisa. Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya. Ceuk raja Sireum ka balad-
baladna, “pek ayeuna geura hanca ku aranjeun eta sato telenges teh!”
Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak
Sakadang Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah
tulung-tulungan menta ampun.
Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum. Ti
dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum oge ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh
lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang
sireum.
GAGAK HAYANG KAPUJI

Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng
tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus
anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih
anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi
mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna
dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh
ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang
hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh".
Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa
haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna
pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal
kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk
nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.
Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge
pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana.
Meureun moal panasaran teuing!”.
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy
dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we
dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen
anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti
dengdeng nu disantok ku anjing.
WAWALES KA NU TELENGES

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek
gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban.
Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur
anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka
beurit, sabab cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip.
Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka
luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit
kaburu kabur.
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang
geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti
harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka
handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber
si monyong.
Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer
ku alap-alap tehteu ka luar deui.
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa
diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan.
Manehna teu biasaeun meuntas.
Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka
hareupeun nana. Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag,
Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana
ieu tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran.
Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah
ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek
keneh.
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui
ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit
kagugusur.
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong
beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit.
Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan
embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun
deui.
Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna,
paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot
nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang.
Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe
harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna
ku bangkong hejo.
KUDA HADE BUDI

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai
bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu
keur gegerungan tea.
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu
nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur
gegerungan.
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-
akeyan.
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang
Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh
ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana
kalakuan Maung teh.
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat,
sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu.
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.
SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA

Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut
walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari
sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh.
Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya
nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah peuting sakadang monyet nyaring, terus
ngahudangkeun sakadang kuya.
"Sakadang kuya, sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet "naon sakadang kuya" tembal
sakadang monyet "kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina
mimpi teh katingali deuih tempatna dimana" ceuk sakadang monyet "dimana ?" ceuk
sakadang kuya.
"Diteungah leuweung" ceuk monyet "keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui
we da peuting keneh." tembal kuya ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung
sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui.
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna
teh "Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang
kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,, hahaha".
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur
ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna meunang
akal. trus dug weh sare.
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya. "Kuya,
kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk sakadang monyet "Kela atuh tunduh
keneh.." tembal sakadang kuya "Eeh buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet bari
ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang.
"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit weh
maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek teh
bener, tangkal nangka eta teh aya.
Ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.." "Kela,
urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya"
ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina hate.
Sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak,
lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."
"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan
neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong, "kuurang mah rek dibere nu atah we
sakadang kuya mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we.
hahaha"
Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun
diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun
kahandap.
Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk
anu dialung-alungkeun ka si kuya.
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si
geutahna kana awak jeung kana biwir. "Uya, naha nanga urang mah atah euningan ? ceuk
sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah.
"Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima
hungkul." bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.
"Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari cireumbay da
teu ngadahar nangka asak.
Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka
kamana da baeud tea.
SIREUM JEUNG JAPATI

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat.
Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu lebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari
ngojay kasisi mah teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep
tulungan ”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai.
Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum
keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun.
Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara
nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea.
Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita
tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna.
”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus
ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati ” Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.”
Jawab sireum ” is eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang
cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku
sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh
sisindiran yeuh.... kieu geura ...!!

" Itu lain langlayangan


Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. "
SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta
bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta
manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong
ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge
tangtu nya liat nya kelang.
Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu
dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh
teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina.
Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak
aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur
bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong
nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari
kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak
Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan
Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang
Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu
asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.
Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di
lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua
anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem,
nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek
Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah
dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna.
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung
nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku
atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok,
disamualkeun.
Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung
gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da
cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak
ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun
pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak
oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui
ninggalkeun Sakadang Bagong.
ENTOG EMAS

Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus
reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog,
hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah
teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah
ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan
Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun
di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka
Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ .
Mang Julin teu dahar ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog
di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah.
Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen
cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna
endog emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog
emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe,
sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar.
Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna
nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog
pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog
ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang
Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak
dipake kabutuhan sapopoena.
Gajah Eleh Ku Sireum
Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di
tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta,
keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna
marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir
leutik patingarenclo.
Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga
sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak
sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia
mun geus dironom ku eta sireum mah.
Ari minangka alat komunikasina antarsireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk.
Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode
jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum
meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato
gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari
tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.
Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali.
Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah.
Nya gajah teh dibejaan.
“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun
sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.
“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana
teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.
Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak
sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur
parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.
Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya
rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.
Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah
ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari
sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan
sireum teh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.
Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan
perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.
Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum
ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa
dilelewean, gajah teh beuki ambek.
Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana
lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang.
Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.
Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk
nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor
karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.

Вам также может понравиться

  • Hayam Kongkorongok Subuh
    Hayam Kongkorongok Subuh
    Документ2 страницы
    Hayam Kongkorongok Subuh
    hisomasalma
    50% (2)
  • Asal Mula Kota Cianjur
    Asal Mula Kota Cianjur
    Документ23 страницы
    Asal Mula Kota Cianjur
    Irma Yanti Sianipar
    Оценок пока нет
  • Sunan Kudus
    Sunan Kudus
    Документ9 страниц
    Sunan Kudus
    inayah
    Оценок пока нет
  • Proposal Maulid Nabi 2020
    Proposal Maulid Nabi 2020
    Документ7 страниц
    Proposal Maulid Nabi 2020
    aiyylla
    Оценок пока нет
  • Dongeng Si Kancil Dan Beruang
    Dongeng Si Kancil Dan Beruang
    Документ2 страницы
    Dongeng Si Kancil Dan Beruang
    cahaya_naura
    Оценок пока нет
  • Dongeng Fabel - Entog Emas
    Dongeng Fabel - Entog Emas
    Документ3 страницы
    Dongeng Fabel - Entog Emas
    Fadhilah Febrianty
    Оценок пока нет
  • Cerpen Air Mata Tua
    Cerpen Air Mata Tua
    Документ4 страницы
    Cerpen Air Mata Tua
    melani
    Оценок пока нет
  • The Gingerbread Man
    The Gingerbread Man
    Документ12 страниц
    The Gingerbread Man
    Muhamad Septian Pamungkas
    Оценок пока нет
  • Pamflet Pengajian
    Pamflet Pengajian
    Документ1 страница
    Pamflet Pengajian
    Zuhdi Fanani
    Оценок пока нет
  • Cerita Rakyat Rawa Pening
    Cerita Rakyat Rawa Pening
    Документ2 страницы
    Cerita Rakyat Rawa Pening
    maratur rohmania
    Оценок пока нет
  • GEGURITAN
    GEGURITAN
    Документ24 страницы
    GEGURITAN
    anescoey
    Оценок пока нет
  • KancilTipuBuaya
    KancilTipuBuaya
    Документ8 страниц
    KancilTipuBuaya
    Jong Mei
    Оценок пока нет
  • Cerita Rakyat Timun Mas
    Cerita Rakyat Timun Mas
    Документ2 страницы
    Cerita Rakyat Timun Mas
    Syahrul Ramadhan
    Оценок пока нет
  • Naskah Drama Lancang Kunin1
    Naskah Drama Lancang Kunin1
    Документ4 страницы
    Naskah Drama Lancang Kunin1
    Master
    Оценок пока нет
  • Putri Salju Dan Tujuh Kurcaci
    Putri Salju Dan Tujuh Kurcaci
    Документ10 страниц
    Putri Salju Dan Tujuh Kurcaci
    Black Memories
    Оценок пока нет
  • Pendidikan Indonesia vs Luar Negeri
    Pendidikan Indonesia vs Luar Negeri
    Документ2 страницы
    Pendidikan Indonesia vs Luar Negeri
    chikita hanifati
    100% (2)
  • Batu Menangis
    Batu Menangis
    Документ2 страницы
    Batu Menangis
    vmobile net1
    0% (1)
  • Cerita Rakyat Malin Kundang
    Cerita Rakyat Malin Kundang
    Документ11 страниц
    Cerita Rakyat Malin Kundang
    fenycandra
    Оценок пока нет
  • Hukum Nyadran Sebelum Puasa Ramadhan
    Hukum Nyadran Sebelum Puasa Ramadhan
    Документ13 страниц
    Hukum Nyadran Sebelum Puasa Ramadhan
    dita ariany
    Оценок пока нет
  • Tingkeban 1
    Tingkeban 1
    Документ10 страниц
    Tingkeban 1
    Raffi Cakra
    Оценок пока нет
  • RAPUNZEL CERITA
    RAPUNZEL CERITA
    Документ4 страницы
    RAPUNZEL CERITA
    Florida Amarang
    Оценок пока нет
  • Kisah Kiki yang Kehilangan Sang Ayah
    Kisah Kiki yang Kehilangan Sang Ayah
    Документ2 страницы
    Kisah Kiki yang Kehilangan Sang Ayah
    olivia
    Оценок пока нет
  • Proposal Mabit Ramadhan 1444
    Proposal Mabit Ramadhan 1444
    Документ8 страниц
    Proposal Mabit Ramadhan 1444
    Saivul Nauval
    Оценок пока нет
  • Asal Mula Sungai Landak
    Asal Mula Sungai Landak
    Документ7 страниц
    Asal Mula Sungai Landak
    el_karimah
    Оценок пока нет
  • Legenda Situ Bagendit
    Legenda Situ Bagendit
    Документ2 страницы
    Legenda Situ Bagendit
    Alyt Vario Ayena Mah
    Оценок пока нет
  • Cabang Lomba Print
    Cabang Lomba Print
    Документ2 страницы
    Cabang Lomba Print
    api-681188296
    Оценок пока нет
  • Ande Ande Lumut
    Ande Ande Lumut
    Документ4 страницы
    Ande Ande Lumut
    Fandy Rachmad Dewantoro
    Оценок пока нет
  • Hikayat MUSANG BERJANGGUT
    Hikayat MUSANG BERJANGGUT
    Документ1 страница
    Hikayat MUSANG BERJANGGUT
    Karya Komputer Birayang
    Оценок пока нет
  • Sriwijaya Mataram Kuno Kediri
    Sriwijaya Mataram Kuno Kediri
    Документ20 страниц
    Sriwijaya Mataram Kuno Kediri
    anindya winny
    Оценок пока нет
  • Ceramah Uas
    Ceramah Uas
    Документ3 страницы
    Ceramah Uas
    Alif Sabroni
    Оценок пока нет
  • Legenda Unyu Jaka Tarub
    Legenda Unyu Jaka Tarub
    Документ6 страниц
    Legenda Unyu Jaka Tarub
    Abu Ma'mur Mf
    Оценок пока нет
  • Naskah Drama
    Naskah Drama
    Документ5 страниц
    Naskah Drama
    Wigi Saputra
    Оценок пока нет
  • Laporan Telur Asin
    Laporan Telur Asin
    Документ4 страницы
    Laporan Telur Asin
    asep zaenudin
    Оценок пока нет
  • Cerita Rakyat Sangkuriang
    Cerita Rakyat Sangkuriang
    Документ10 страниц
    Cerita Rakyat Sangkuriang
    Dienz Viola
    Оценок пока нет
  • Cerita Dongeng Hewan
    Cerita Dongeng Hewan
    Документ94 страницы
    Cerita Dongeng Hewan
    I Wayan Somayasa
    100% (1)
  • MencariSorgaPuisiIslam
    MencariSorgaPuisiIslam
    Документ1 страница
    MencariSorgaPuisiIslam
    Luthfi Naja
    Оценок пока нет
  • Pengalaman PERSAMI
    Pengalaman PERSAMI
    Документ5 страниц
    Pengalaman PERSAMI
    anon_51663041
    Оценок пока нет
  • Sejarah Sunan Bonang
    Sejarah Sunan Bonang
    Документ4 страницы
    Sejarah Sunan Bonang
    Adi Dodok
    Оценок пока нет
  • Asal Usul Danau Lipan
    Asal Usul Danau Lipan
    Документ3 страницы
    Asal Usul Danau Lipan
    Dimas Arif Pangayom
    Оценок пока нет
  • Nenek Pakande
    Nenek Pakande
    Документ2 страницы
    Nenek Pakande
    Tati
    Оценок пока нет
  • LPJ Sekbid 2
    LPJ Sekbid 2
    Документ29 страниц
    LPJ Sekbid 2
    Aditya Apriliana Jihaduddin
    Оценок пока нет
  • Macan Kemayoran
    Macan Kemayoran
    Документ2 страницы
    Macan Kemayoran
    Meilinda Sihite
    Оценок пока нет
  • Program Kerja Sekbid 9-10
    Program Kerja Sekbid 9-10
    Документ2 страницы
    Program Kerja Sekbid 9-10
    Tono Hartono
    100% (1)
  • Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
    Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
    Документ1 страница
    Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
    Davina
    100% (2)
  • Profil Desa MJ - Krapak
    Profil Desa MJ - Krapak
    Документ20 страниц
    Profil Desa MJ - Krapak
    Yudy'z Kudo
    Оценок пока нет
  • Naskah Drama PMR MPLS 2020 SMK Ummi
    Naskah Drama PMR MPLS 2020 SMK Ummi
    Документ9 страниц
    Naskah Drama PMR MPLS 2020 SMK Ummi
    Rd Suwarsa
    Оценок пока нет
  • Story of Golden Snail
    Story of Golden Snail
    Документ2 страницы
    Story of Golden Snail
    abdurrohmanmuslim
    Оценок пока нет
  • Cerita Fabel
    Cerita Fabel
    Документ3 страницы
    Cerita Fabel
    Enie Vita Sari
    Оценок пока нет
  • Sasakala Surade
    Sasakala Surade
    Документ2 страницы
    Sasakala Surade
    Hesty Zifana Letisya
    Оценок пока нет
  • Maulid Nabi Muhammad SAW
    Maulid Nabi Muhammad SAW
    Документ5 страниц
    Maulid Nabi Muhammad SAW
    Fitriah Noersufi
    Оценок пока нет
  • Hasil Rakercab Ipnu & Ippnu Kab Pemalang 2022-2024
    Hasil Rakercab Ipnu & Ippnu Kab Pemalang 2022-2024
    Документ34 страницы
    Hasil Rakercab Ipnu & Ippnu Kab Pemalang 2022-2024
    budi prasetiyo
    Оценок пока нет
  • Legenda Kelekup Gangsa Ular Naga Di Danau Ranau
    Legenda Kelekup Gangsa Ular Naga Di Danau Ranau
    Документ6 страниц
    Legenda Kelekup Gangsa Ular Naga Di Danau Ranau
    Nur Mukhamad Andrean
    Оценок пока нет
  • Something Just Like This Lirik Terjemahan
    Something Just Like This Lirik Terjemahan
    Документ3 страницы
    Something Just Like This Lirik Terjemahan
    Anjar Vessalius
    Оценок пока нет
  • UPACARA ADAT KABUPATEN JOMBANG: TRADISI AQIQAH DI DESA KEPAJEN
    UPACARA ADAT KABUPATEN JOMBANG: TRADISI AQIQAH DI DESA KEPAJEN
    Документ10 страниц
    UPACARA ADAT KABUPATEN JOMBANG: TRADISI AQIQAH DI DESA KEPAJEN
    Makhta Vallia
    Оценок пока нет
  • Sinopsis Dan Pola Lantai Tari SMK Strada 1
    Sinopsis Dan Pola Lantai Tari SMK Strada 1
    Документ2 страницы
    Sinopsis Dan Pola Lantai Tari SMK Strada 1
    Gabriel Yudhistira
    Оценок пока нет
  • Materi Dan Langkah PMR
    Materi Dan Langkah PMR
    Документ10 страниц
    Materi Dan Langkah PMR
    Dedi Susanto
    Оценок пока нет
  • Budaya Kota Sidoarjo
    Budaya Kota Sidoarjo
    Документ9 страниц
    Budaya Kota Sidoarjo
    Annisa Zaenab
    Оценок пока нет
  • Dongeng Sunda
    Dongeng Sunda
    Документ10 страниц
    Dongeng Sunda
    sdn panyingkiran
    Оценок пока нет
  • SIREUM DAN JAPATI
    SIREUM DAN JAPATI
    Документ17 страниц
    SIREUM DAN JAPATI
    Pandji Purnawarman
    Оценок пока нет
  • Dongeng Sunda Buat Reza
    Dongeng Sunda Buat Reza
    Документ4 страницы
    Dongeng Sunda Buat Reza
    Asma Randana
    Оценок пока нет
  • 8 Fungsi Keluarga
    8 Fungsi Keluarga
    Документ1 страница
    8 Fungsi Keluarga
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Kasih Sayang Terakhir
    Kasih Sayang Terakhir
    Документ5 страниц
    Kasih Sayang Terakhir
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Macam-Macam Ham
    Macam-Macam Ham
    Документ4 страницы
    Macam-Macam Ham
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Yogyakarta - Bahasa Sendiri
    Yogyakarta - Bahasa Sendiri
    Документ9 страниц
    Yogyakarta - Bahasa Sendiri
    MKasim
    Оценок пока нет
  • Adab Berjalan
    Adab Berjalan
    Документ10 страниц
    Adab Berjalan
    Moka Kasim
    100% (1)
  • Ayat Yg Berhubungan Dengan Biologi
    Ayat Yg Berhubungan Dengan Biologi
    Документ4 страницы
    Ayat Yg Berhubungan Dengan Biologi
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Pupuk Bahan Bermanfaat
    Pupuk Bahan Bermanfaat
    Документ7 страниц
    Pupuk Bahan Bermanfaat
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Cara Kerja Carburator
    Cara Kerja Carburator
    Документ6 страниц
    Cara Kerja Carburator
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Museum Dirgantara
    Museum Dirgantara
    Документ2 страницы
    Museum Dirgantara
    MKasim
    Оценок пока нет
  • Bola Voli
    Bola Voli
    Документ10 страниц
    Bola Voli
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Bab 5 Peradaban Awal
    Bab 5 Peradaban Awal
    Документ2 страницы
    Bab 5 Peradaban Awal
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Dendam Dan Munafik
    Dendam Dan Munafik
    Документ4 страницы
    Dendam Dan Munafik
    MKasim
    Оценок пока нет
  • Anak Mami
    Anak Mami
    Документ6 страниц
    Anak Mami
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Mkalah PKN N Linguistic
    Mkalah PKN N Linguistic
    Документ13 страниц
    Mkalah PKN N Linguistic
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • DENDAM2
    DENDAM2
    Документ4 страницы
    DENDAM2
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Analisa Bahasa Surat Resmi Ali Muhidi
    Analisa Bahasa Surat Resmi Ali Muhidi
    Документ6 страниц
    Analisa Bahasa Surat Resmi Ali Muhidi
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Program Kepemudaan Kabupaten Cirebon
    Program Kepemudaan Kabupaten Cirebon
    Документ8 страниц
    Program Kepemudaan Kabupaten Cirebon
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Tips Dari Internet
    Tips Dari Internet
    Документ5 страниц
    Tips Dari Internet
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Dendam Dan Munafik
    Dendam Dan Munafik
    Документ4 страницы
    Dendam Dan Munafik
    MKasim
    Оценок пока нет
  • Urut-Urutan Baluarti Kesepuhan
    Urut-Urutan Baluarti Kesepuhan
    Документ15 страниц
    Urut-Urutan Baluarti Kesepuhan
    MKasim
    Оценок пока нет
  • Analisa Surat - Bu Eli
    Analisa Surat - Bu Eli
    Документ3 страницы
    Analisa Surat - Bu Eli
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Buku Kegiatan Pesantren Digital IRMA Jawa Barat
    Buku Kegiatan Pesantren Digital IRMA Jawa Barat
    Документ20 страниц
    Buku Kegiatan Pesantren Digital IRMA Jawa Barat
    dhina
    Оценок пока нет
  • Runtuhnya Uni Soviet dan Pakta Warsawa
    Runtuhnya Uni Soviet dan Pakta Warsawa
    Документ15 страниц
    Runtuhnya Uni Soviet dan Pakta Warsawa
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • TeknikLompatJauh
    TeknikLompatJauh
    Документ10 страниц
    TeknikLompatJauh
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Renang 1
    Renang 1
    Документ13 страниц
    Renang 1
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Timun Mas Batu Menangis
    Timun Mas Batu Menangis
    Документ4 страницы
    Timun Mas Batu Menangis
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Adab Berjalan
    Adab Berjalan
    Документ10 страниц
    Adab Berjalan
    Moka Kasim
    100% (1)
  • LompatJauhTeknik
    LompatJauhTeknik
    Документ12 страниц
    LompatJauhTeknik
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • Akhlak Terhadap Teman
    Akhlak Terhadap Teman
    Документ6 страниц
    Akhlak Terhadap Teman
    Moka Kasim
    Оценок пока нет
  • 20 Ideologi Di Dunia
    20 Ideologi Di Dunia
    Документ6 страниц
    20 Ideologi Di Dunia
    Moka Kasim
    0% (1)