Вы находитесь на странице: 1из 10

AYA CINTA DI KONOHA

Kacaritakeun dina hiji desa, aya kadatangan turis anu asal lahirna ti kota bandung tapi
geus lilac icing di amerika anu ngajadikeun turis eta ngobrolna campur inggris-sunda bari
jeung teu puguh entreup seurehna. Turis eta the mangrupakeun anak jeung indung anu
ngamaksud bade balik kampung ka lemburna nyaeta di bandung. Hanjakalna, can tepi ka
tujuan mobil turis eta treh mogok, teu lila aya hiji wanoja anu ngabantuan turis eta,
muncul permasalahan diantara turis eta, wanoja alias lastri jeung cantika anu
mangrupakeun gadis anu marebutkeun bule eta. Kumaha wae carita salanjutna? Hayu
urang tingali kisahna di TKP………….

Scien 1
Ditengah sawah desa Konoha, kota atau kab. Bandung aya sapasang turis, sebut wae
ngarana Mrs. Jenifer jeung si Boy. Kaapesan ninggang maraneh na, kusabab mobil turis
eta sampe mogok.
Mrs. Jenifer & Boy : (kaluar tina mobil)
Mrs. Jenifer : Aduhh.. aduhh… OMG, oh meygod omegod, ya ampun why ini
teh? Why? Kunaon car kita teh mogok?
Boy : hmm. I don’t mih, jigana car kita teh mogok
Mrs. Jenifer : Duh, aduh kumaha atuh? Geura tingali di look, look car na
Boy : okeh mih, waiting waiting!
Mrs. Jenifer : Euh apes pisan, duh ieu the meuni very hot hot kie, hareudang
engke kulit mamih jadi black ieu mah?

Scien 2
Kirang langkung sajam turis eta teh di tengah sawah, teu lila dating hiji wanoja ngarana
lastri ngabantuan eta turis.
Lastri : (tijauhan neregteg ngomong sorangan) duh aya turis eung, kudu
bias ngomong inggeris ieu mah atuh.
“ehem… ehem! Assalamualaikum! Can helep you? Saha
maneh?”
Mrs jenifer : han (terkejut) saha maneh?
Lastri : euleuh tiasa Bahasa sunda oge mister, can I helep you ?
Mrs Jenifer : (noel si boy, ngabejaan aya jalma) boy boy!! Aya saha ieu.
Boy & lastri : (bertatap-tatapan mulai aya benih-benih cinta diantara
maranehna)
Lastri : (monolog) eleuh meni kasep kacida cida ieu bule, aduh hensom
pisan jadi bogoh (bari seuri era)
Boy : (monolog) saha ieu meni beautiful
Mrs. Jenifer : (ujug-ujug) heuppp .. stop…! Setooopp ! kalah papelong pelong
kitu
Lastri & Boy : (Terkejut)
Lastri : Oh uhun ibu sorry, sorry ! hee
Bade kamana ieu the, tos bade wengi ieu
Boy : Oh yes, I’m and momih bade ka desa cilongkrang, biasa pulang
ka kampung ti Amerika
Lastri : Amerika? Anu luar negri tea? Ya ampun meuni jauh. Atuh
kumaha kang ieu tos bade wengi, bumi abi teu jauh, tuh palih
ditu (nunjuk imah) hayu bilih bade liren lamun hnteu ngendong,
karunya tos bade wengi kieu.
Mrs Jenifer : hmm waiting, waiting, tapi house you jiga hotel teu? Aya water?
Terus terus Kasur, bantal na tina kapuk in empuk>
Lastri : atuh iya ibu tina kapuk manya tina batako

Scien 3
Akhirna Mrs. Jenifer jeung Boy teh langsung menuju ka imahna lastri anu ala kadarna
pas muka panto.
Mrs. Jenifer : (Reuwas) ya ampun, OMG, ieu the house apa kendang domba
meuni pabalatak kitu.
Lastri : punten ibu em sori, bala saalit lah hehe (bari ngabenerkeun
korsi) manga mister calik.
Boy : yes tengkyu… bay teway nama you teh saha?
Lastri : nami lastri ieu teh kang
Boy : oh lastri, ieu kang boy namina, sareng ieu momih Boy Mrs
Jenifer
Lastri : Oh Uhun kang

Scien 4
Tiba-tiba jol dating abah Lastri, pak Sugeng namina.
Abah Lastri : lastri, aya saha ieu, tamu ?
Lastri : eh abah, uhun ieu aya bule anu liren dugi ka enjing margi
mobilna mogok. Oh abah .. tepangkeun ieu namina Mrs Jenifer
momihna Boy, sareng ieu Boy putrana Mrs. Jenifer
Abah Lastri : oh uhun (salaman nyebutkeun ngaran) abdi sugeng, abahna
Lastri
Mrs. Jenifer : hah Sungging?
Boy : Pak Sugeng Mih Sugeng
Mrs. Jenifer : Oh sugeng, serem pisan nya ngarana (bari ngaharewos ka Boy)

Scien 5
Panon poe tos caang si bule 2 eta the nyaring tina bobona terus ngarumpi di hareupeun
bumi lastri.
Mrs Jenifer : aduh boy mamih mah teu kuat cicing ddieu, hayu cuang get ot
tidieu lah.
Boy : euleuh si mamih lastri jeng abah teh meuni bageur ngijinan
arurang ngawengi , lamun get out arurang bade kamana?
Mrs Jenifer : atuh pan tiasa meureun neangan hotel, piraku teu aya hotel-hotel
acan mah.
Boy : Buset mih, ai mamih puguh ieu the di Cicago, ddieu mah moal
aya hotel ieuh.
Mrs. Jenifer : enya atuh lah, kumaha boy we
Boy : Mih, lastri teh geulis nya, bageur deui, boy the resep ka Lastri
mih , apa lastri gaduh perasaan nu sami oge jeng Boy?
Mrs Jenifer : hah? Ngomong naon Boy? OMG, ya ampun amit-amit jabang
orok pokonamah , hnteu hnteu.. budak mamih Mrs jenifer anu
hensem mah moal mungkin bogoh ka gadis kampungan kitu, teu
rido pokona mah mamih mah euh, helowww punten ah…

Scien 6
Dihalaman bumi lastri, sapertos biasana lastri osok balanja sayuran ka kanga li si tukang
sayur keliling kang eli eta deukeut pisan jeung lastri, maklum maranehna sobat ti
leuleutik.
Ali : sayur, sayur, sayur, lastri bade sayur?
Lastri : eh kanga ali, kang aya sayur naon wae?
Ali : ah biasa, sadaya sayur di sadaya belahan dunia ge aya ddieu
mah, boro-boro sayur cinta akang ka eneng ge aya (ngagombal)
Lastri : eh geuning kalah ngagombal kitu ah, tos ah sabarahaeun ieu
kang?
Ali : (ngitung meuni lila) sadayana jadi 500 Triliun neng
Lastri : eh si aang sing bener atuh manya pisage pecay jeung pana meuni
500 Triliun,
Ali : hee. Heureuy neng. Sok lah gratis jeng neng lastri mah, bilih
kirang sok candak yeuh jeung gorobakna, rela akang mah demi
neng mah( seuri heurey)
Lastri : ah akang mah.
Ali : neng-neng kela! Eta saha bule ning? Timana ning akang teu
diwartosan nyarita atuh.
Lastri : jadi kieu kang, kamari aya bule, mogok mobilna bule eta the
bade pulang ka bandung, karunya geura kang apanan jauh keneh
bandung the, jadi weh karunya.
Ali : oh kitu caritana, kade eta saha lalakina? Atawa lastri bogoh ka
si eta?
Lastri : ih geura akang mah apal wae, lastri the berdebar debar mun
deket a Boy, jantung asa dag dig dug kitu, aduh bener-bener
lalaki idaman pisan.
Ali : neng, akang mah teu satuju amun eneng jeung si bule eta
(monolog)(ali the patah hati lantaran cintana ka lastri bertepuk
sebelah tangan)
Scien 7
Kang ali ngajual sayur, keliling kampung, kaum istri paciweuh mareli sayur. Bari
ngarumpi.
Ali : Sayur, sayur sayur
Neneng : sayur kang!
Lela : Dieu kang
Ali : sok neng diobral
Neneng : beu dieu kang da mampu
Ali : Tah neng sok salalegeur hnteu jiga hate akang nu layu ningali si
bule di bumi si lastri
Neneng : Nu bener kang? ganteng teu?
Ali : ceuk akang mah ganteng akang sih
Neneng : ah ieu mah kudu di ilik-ilik wajibun alaihin
Lela : dimana bule na mang?
Ali : eh eta, di bumina lastri!
Lela : hah? Naha meuni di si lastri?
Ali : atuh duka neng, taroskeun we jig ka bulena
Neneng : ah teu bener pisan meren info the hayu lah mening cus ayeuna
ka imah si lastri?

Akhirna nu tadina niat bade meser sayur kalah leos indit bakat panasaran hoyong ningali
eta si bule.
Si lela jeung si neneng tuluy mangkay ka bumina lastri. Dibumi lastri keur masak didapur
bari ngadumel ka kang ali
Lastri : (adegan motong motong sayur) kanga li sih kumaha baladd
sorangan lain didukung puguh eneng the bogoh ka aa boy salaku
balad kudu satuju amun sahabatna ek kumaha ge, sebel pisan
(adegan kakeureut ) aduhh..
Boy : Lastri kunaon? Ya ampun (adegan romantic ngobatan)

Teu lila horeng si lela jeung si neneng nempokeun si boy jeung si lastri tina jandela.
Neneng : (nyampeurkeun si boy jeung si lastri) “ih awas” lestreng geser,
halik (nyodorkeun leungeun)
“Hi Mr. Kenalan atuh da mampu”
Boy : oh hi my name is Boy, what is your name>
Neneng : Nem abi 25,5
Boy : hah 25,5 eta mah nem sakola, ieu mah what is your name?
name? name?
Neneng : ongkoh bias sunda tapi ngomong inggris, haduh cik translate
keun lah urang teu ngarti
Lela : uhun pan lela ge teu ngarti, neng ge apal Bahasa inggris lela
penten 4 dina rapot
Neneng : ah manehmah ngerakeun urang wae nilai 4
Lela : emang neneng punteun sabaraa kitu?
Neneng : 2 hehe
Sut sut lah urang the ker PDKT yeuh. Pokokna tepangkeun abdi
neneng si neng pangbeungharna sajagat raya, lela… beakeun ka
sim amah urang meunang kabogoh da mampu.
Lela : siap coy, sok lah ngadukung urang lamun maneh jadi jeung bule
eta, pasti hirup maneh bagja, jogana eta bule beunghar da…
Lastri : atos lah boy enging didieu
Neneng : boy boy boy naon boyon
Lela : eh ngarana boy lain boyon
Neneng : oh heeh nya sok inget inget lah catet kade ngarana boy.

Tuluy dating Mrs. Jenifer bari ngageber kapanasan


Mrs Jenifer : haduh dasar kampung meuni panas kieu sih
Neneng : hi Mrs. Pasti ieu sareng mamihna Boy kenalkeun abi neneng
Mrs. Jenifer : I’m neneng
Neneng : haduh tante, pasti teu betah tinggal ddieu nya panas teu aya AC,
nya sempit, mending tinggal dibumi abi, uh bumi abimah lega
ka dapur ge kana ojeg
Mrs Jenifer : bener lega?
Neneng : nya entos atuh teu percaya mah (nembongkeun emas)
Mrs. Jenifer : uhun abi percaya ketang. Wah pas pisan atuh kitu mah hayu Boy
cuang pindah ka buni na neneng (narik tangan boy)

Si Boy jeung mamihna milih tinggal di bumi neneng, lastri kecewa tur sedih yen Boy
ninggalkeun manehna.
(adegan di bumi neneng)
Neneng : sereset (mukakeun panto) alhamdulilah tante, Boy ieu bumi
neneng manga kalebet
Mrs Jenifer : waw hatur thank you pisannya, tos repot-repot masihan
tumpangan ka tante jeung ka Boy.
Neneng : ah bet santai we atuh tan, eh tante anak tante the meuni kasep
pisan jodohkeun atuh tan abi jeung boy
Mrs. Jenifer : oh nenengn resep ka anak tante oh siap okeh tante lebih satuju
milih neneng daripada si lastreng eta.
Neneng : asik hatur nuhunnya tan.

Dibumina abah jarwo, lastri nyarita ka abahna soal si boy anu deket jeung si neneng.
Lastri : (nyampeurkeun ka abahna nu keur diuk sambari ngopi) abah!
Aa boy sareng mamihna pindah ka bumi neneng gara-gara
neneng ngarayu sit ante jadi weh aa boy leuwih jauh jeung eneng
abah (manja)
Abah : ai si lastri ngaharepkeun si boy, abah pan tos ngomong ulah
deukeut jeung si Boy, abah teu resep !
Lastri : naha abah mani teu perhatian pisan (bari indit ngabalieur ka si
abah)

Scien 8
Boy lelempangan bari neangan angina keliling kampung teu dihaja papanggih jeung si
lastri anu di anti-anti
Boy : (meutik Bungan nu aya disisi jalan)
Lastri : (ngomong sorangan) ya allah lamun saenyana aa boy jodoh abi
sing dideketkeun tapi lamun saenyana lain jodoh wios keun
ngelehan kangge lastri.
Boy : hay neng neng negn lastri (ngageroan ti kajauhan)
Lastri : hi aa boy ning aa boy aya ddieu
Boy : tadi abi jalan-jalan kesel, eh ningali lastri
neng, aa bade nyarios serius ka eneng
Lastri : ngomong naon kang?
Boy : abi bogoh ka lastri, samenjak pertama kali ningali eneng (bari
merekeun bunga) ari lastri kumaha?
Lastri : sami a, lastri ge resep ka a boy, tapi abah sareng mamihna a Boy
jigana teu satuju amun arurang bersatu.

Keur asik-asikna Boy jeung Lastri ngobrol teu lila dating neneng jeung lela anu
ningalikeun adegan romantis eta.
Neneng : OMG, ya ampun aduh boynya aku dekeut-dekeut jeung si lastri
Lela : wah enya nanaon eta si lastri, meni centil pisan deui, kudu
dilaporkeun ieu mas ka si Mrs. Jenifer, hayu cuang ka sit ante
eneng!
Neneng : euh bener pisan lah, hayu cuang ka si tanteu. (neneng jeung lela
narik Mrs. Jenifer, amih ningali prilaku si Boy)
Mrs. Jenifer : Boy !! (misalkeun boy jeung Lastri)
Ih nanaonan ai kamu the atuh lestreng
Boy : ih mamih, kunaon atuh, ulah kita atuh mih
Mrs. Jenifer : kunaon sih kunaon sih! Pan mamih tos ngomong ulah deukeut-
deukeut jeung si lestreng mamih teu resep, not like pokokna
mah.
Lastri : (pundung, beungeut melas)
(adegan drama)
Boy : boy cinta ka lastri, hak Boy milih Lastri mih
Mrs. Jenifer : (narik Lastri) Plak !! (nyabok pipi lastri)
Ulah sakali-kali deui deukeut jeung si boy ! awas we awas! (si
boy ditarik balik ku indungna)

Ditaman anu endah teu jauh ti bumi lastri, lastri nahan rasa kasedihanna, teu lila dating
kang Ali.
Ali : Lastri kunaon? Aya naon ieu? Ning ceurik kitu.?
Lastri : akang! Apa lastri teu berhak ngarasakeun kabungahan jeung a
Boy
Ali : emang kumaha neng?
Lastri : mamahna a boy teu satuju neng deukeut-deukeu jeung a boy
Ali : eta kunaon pipi? Di tonjok, ditajong, dikepret apa dikmhakeun?
Meuni tepi ka beureum kitu, sok bebeja ka akang!
Lastri : hnteu kang hnteu, ieu mah tadi kasurungkeun abah ka galengan
sawah jadi weh lecet saetik
Ali : ohh,, sing sabar we nya hirup mah sok peurih heula.

Lastri balik ka imahna, jol abahna the dating


Abahna : assalamualaikum (asup ka imah)
Lastri : waalaikumsalam
Abah : uluh anak abah kunaon? Jiga tos ciwek kitu
Lastri : hnteu bah, ieu tadu kapireenan korosok hungkul
Abah : euleuh, euleuh ulah bohong ah, sok nyarita aya naon
Lastri : abah mamihna boy, ambek lastri jadian jeung a boy! Abah kana
pal abi cinta ka a boy (bari seurih)
Abah : oh jadi kitu! Tos lah ayeuna mah enging dipikian deui ai jodoh
mah moal kamana
Lastri : uhun bah (sedih)

Neneng jeung lela kalah atuh diluhureun penderitaan lastri


Lela : waha bisaan lah yan, sakeudeung deui maneh jadi mantuna bule
benghar gelo eta atuh.
Neneng : atuh enya, neneng dilawan
Lela : kade ulah poho, bagi-bagi persenanna we!
Neneng : ah gampang eta mah
Lela : Asik!
Neneng : Ulah asik-asik mantak na bantuan urang terus!
Lela : siap lah bos

Tikejauhan ternyata Ali ngarekam omongan demi omongan licik neneng jeung lela.
Ali langsung mawa rekaman eta pikeun bukti kalakuanm goreng 2 awewe licik eta.
Ali : tante, tante ayeuna mah kudu terang sabener-benerna kumaha.
Ternyata si neneng anu dibanggakeun anu rek dijodokeun jeung
boy the licik! Yeuh ali gaduh buktina.
Mrs. Jenifer : Euleuh-euleuh ai anjeun kunaon ujug-ujug ngomong kitu teu
percaya ah.
Neneng : naon sih ali, ulah sok fitnah geura.

Ali mulai muter rekaman eta, berapa rewash na Mrs. Jenifer ngadangu sora eta. Mrs
Jenifetr kecewa ka neneng jeung lela.
Mrs. Jenifer : Aya ampun (plak nampar lela jeung neneng) teu nyangka ateu
mah ka you ! you !
Neneng & lela : tante, mis hampura, hampura (bari tunduk kaki)
Mrs. Jenifer : geus ah tong hayang apal ka tanteu deui.

Sementara eta, Mrs. Jenifer menta hampura ka lastri.


Mrs. Jenifer : lastri hampura tanteu nya I’m sorry tos jahat ka lastri. Ternyata
neneng the licik hoyong misahkeun Boy jeung Lastri. Ayeuna
tanteu percaya ka lastri cinta pertama na Boy.
Boy : alhamdulilah, jadi bener ieu the mih
Mrs. Jenifer : (ngangguk)
Mrs. Jenifer : (tatangkeupan)

Akhirna perasaan Boy jeung lastri the berakhir bahagia. Maranehna geus meunang restu
ti Mrs. Jenifer. Si lastri di bawa ka cicago, Amerika Sekarat. Rek ngayakeun kawinan
diditu.

Вам также может понравиться