Академический Документы
Профессиональный Документы
Культура Документы
Gending khusus
Narasi:
Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanana
Geus diciptakeun pikeun aranjeun
Pasangan hirup diantara aranjeun
Rasa asih diantara aranjeun
Sangkan aranjeun aya dina katingtriman
Solo:
Pun sapun uwa hampura
Manawi tatamu saha
Rumaos uwa leleda
Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira
Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea
Pun sapun
Uwa nebarkeun sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun
Bral miang geura papageun
Bur payung geura bukakeun 3X
Kulu-kulu:
Haturan jimat awaking
Panganten teh gening sumping
Hidep nu dianti-anti
Nyumponan jangji pasini
Kalung bunga:
(jemplang titi)
Sholawatan:
Shollalloh ‘ala Muhammad
Shollalloh ‘alaihiwasallam 2X
NASKAH SIRAMAN
PEMBUKAAN
Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduana muhamaddarasulullah.
Alhamdullillah, wasyukurillah
Sim kuring langkung tipayun,seja manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, maha welas asih,
wireh dina danguek ieu, mantena atos maparin kaanugrahan urang anu sami-sami hadir ditempat anu mulya
ieu, mangrupi mangpirang-pirang nikmat anu tampawangenan, urang sadayana tiasa ruing mungpulung
paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi tur aya dina kaayaan sehat walafiat, ibu-ibu
bapa-bapa anu dimulyakeun kualloh, mangga urang dikawitan ku maos bismillah...
NARASI
Nun gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji sinareng syukur
ka pangeran gusti allohu robbul a’lamin.
Rehing ginanjar ni’mat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi kawangkid
ieu anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip.
Saesining jagat lahir kalih jagat batin, ku jajaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa nyakseni kanan
kajembaran gusti.
Wireh kantos parantos maparin kasalametan rahmatan
Ka keluarga besar bapak……………… kalintang bagjana tiasa mapagonsn tepung rabi dina sareat kaislaman.
Mangga arang nyakseni kana sungkemna (pihak laki2 dan pihak perempuan) kanu janten ibu rama.
Mangga upacara sungkem dikawitan.
RAJAH
AYUN AMBING
Ayun ayun ambing.
Di ayun-ayun kusamping.
………………anu kasep/anu geulis.
Yap kadiue urang ngariung.
Dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.
Teu karasa hidep teh nincak sawawa.
Basa……………ditimang jeung dihuapan.
Diibakan kumamah teterejelan.
Mamah rek ngibakan nu pamungkas.
JEMPLANG TITI
Duh mamah pujaan kalbu.
Sembaheun………saestu.
Rumaos………rumaos.
Kurang tata seueur dosa.
Kasalira dampal mamah 2x
Salawasna ngadoreksakeun.
Kasalira dampal mamah.
NIMANG
Puji syukur kayang agung.
Ka illahi maha suci.
Mugi Gusti nangtayungan.
Kasugri anu kumelip.
Mugi Gusti ngahapunten.
Ka dosa-dosa sim abdi.
Mugi Gusti welas asih.
Ka pun Biang sareng pun Bapa.
Diposting 10th December 2011 oleh pasundaan