Вы находитесь на странице: 1из 3

aheula mah kelenci téh buluna hideung semu soklat.

Dina hiji soré ngalamun bari neuteup


langit, ”Bagja méga, boga awak bodas nyacas kawas kapas. Hayang teuing aing boga awak bodas.
Keun ah, rék ditanyakeun,” gerentesna bari alak-ilik néangan tempat anu luhur, nu sakira bisa
dipaké ngobrol jeung méga. Sangeus manggihan gunung nu luhur, kelenci naék ka puncakna.

Pasosoré méga némbongan deui. Pok wé sakadang kelenci téh nyarita, ”Yeuh méga, resep teuing
nempo awak anjeun mani ngeplak bodas kitu. Cing kuring tulungan, hayang boga bulu bodas
kawas anjeun,” ceuk kelenci ngalengis.
”Ieu mah geus takdir baé, sakadang kelenci. Tapi mun manéh hayang bodas atuh gampang.”
”Kumaha carana?”
”Urang tukeur wé.”
”Jadi. Tapi kumaha carana?”
”Engké mun hujan, manéh kudu huhujanan nepi ka baseuh saawak-awak.”
”Nuhun méga, engké pituduh anjeung rék dilaksanakeun. Ayeuna mah kuring rék balik.”
”Heueuh, jig!”
Sababaraha bulan geus kaliwat, hujan teu embol-embol. Sakadang kelenci geus keseleun nganti-
ngati hujan.
Dina hiji poé, langit ceudeum, pihujaneun ngagayot di langit. Teu lila der hujan kawas anu
dicicikeun ti langit. Kelenci atoheun liwat saking. Manéhna huhujanan bari ajrag-ajragan. Beuki
lila hujan beuki orot, tungtungna ret saat. Nu kari méga nu warnana robah jadi hideung semu
soklat. baang nénjo méga rupana robah, rét sakadang kelenci kana awakna sorangan. Manéhna
ajrag-ajragan bakating ku bungah, lantaran awakna bodas kawas kapas. Ti harita, nepi ka
turunanana kiwari buluna barodas.

Bulu gagak hideung lestreng

Baheula di hiji leuweung aya oray sanca keur nawu kombongan. Kombonganana mah jieun
jalma nu sok ngarala lauk di walungan anu ngamalir di lebah leuweung éta. Ari petana,
oray téh ngagantungkeun awakna ngambay lebah kombongan. Huluna ngégél dahan kai, ari
buntutna nyantél kana kai di peuntaseunana. Awakna ayun-ayunan bari nawu kombongan
téa. Séblok ka kénca, séblok ka katuhu, terus baé ayun-ayunan nepi ka cai di kombongan
téh saat. Lauk nu asup ka kombongan téh kasaatan pating jaleprét dina leutak. Bubuhan
geus lila eta kombongan teu ka tawu, laukna téh asa loba pisan. Lele jeung bogo
patinggareboy dina cai nu déét, sepat pating kocépat, nilem, betook, kéhkél, beunteur,
hurang jeung uceng mah réa nu tos ngagalolér dina leutak garing teu bisa néangan cai nu
nyangkrung kénéh.

Eta kalakuan oray sanca téh sihoréng aya nu ngintip-ngintip. Tina luhur tangkal kai éta
gagak nu buluna bodas ngeplak téh geus lila ngarep-ngarep éta kombongan geura saat.
Niatna ngan hiji, lamun loba laukna manéhna rék ngilu ngala sanajan manéhna teu hayang
mantuan ka nu keur nawuna mah. Bener pisan Cu, barang geus nempo lauk pating
karocépat di darat, ujug gelebr baé éta gagak téh kana kombongan saat bari terus
nyorolcok ngahakanan lauk. Cok leg, cok leg gancang pisan macokanana téh da sieun
kaburu kanyahoan ku oray sanca.

Barang oray sanca nempo kalakuan gagak anu maling lauk, pohara ambekna. Gubrag baé
oray sanca ngabeubeutkeun ménéh kana kombongan. Lain ngahakan lauk oray saca mah
tapi ngabuburak gagak maling téa. Gagak hiber eunteup dina tangkal diudag naék kana
tangkal. Oray sanca ambekna moal kaubaran saméméh bisa néwak gagak. Niatna kamana
baé lumpatna éta gagak bakal terus diudag diamprot. Nempo oray sanca pohara ambekna
bari terus ngungudag sungutna calawak siga nu hayang geura gep, gagak pohara bingungna
kamana kudu nyumput kamana kudu lumpat.

Keur mikir kitu, ti luhur tembong aya jalma nu keur nyelep benang bahan tinuneun dina
sahang gedé. Nyelep jaman harita mah sanés ku wanték atawa obat celep pabrik tapi
cukup ku papagan salam jeung buah mangsi dicampur leutak. Teu mikir dua kali éta gagak
terus nyirorot notogkerun manéh brus kana tahang celepan. Kaluar ti jero tahang jiga
engap-engapan eungapeun da rada lila di jero tahang. Buluna jadi robah warnana. Nu
tadina bodas ngeplak ayeuna jadi hideung meles nepi ka matak pangling anu nempo. Nya
kitu aray sanca ge jadi leungiteun udagna. Nu diudag bodas ari nu panggih hideung. “Héy
Ki Silah nu hideung teu nempo gagak bodas ngaliwat ka dieu?. Gagak ngajawab bari rada
reuwas kénéh, “Waah.. dilembur ieu mah teu aya manuk bodas da kabéh gé harideung
urang dieu mah” bari terus ngageleber sieun kaburu kanyahoaan. Tah nya tiharita bulu
gagak teu robah deui terus hideung lestreng nepi ka kiwari.

Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2012/09/bulu-gagak-hideung-lestreng-


dongeng.html#ixzz5YBPcy1NU

Reungit neangan suweng


Jaman baheula aya hiji nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara pohara beungharna.
Tentarana garagah, patihna satia.

Sang ratu kacida gindingna, pakéanana hurung hérang, maké geulang jeung suweng emas.
Dina hiji peuting, keur jemplang jempling, aya jelema asup ka karaton ratu reungit téa. kabeneran
tentara anu jaragana saraé mani talibra, atuh jongjon éta jelema asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu
ogé keur tibra deuih. Karayap éta jelema ngadeukeutan sang ratu reungit., tuluy suweng nu dipaké ku
sang ratu dicopot. Tapi kakara dicopot sabeulah, sang ratu kaburu hudang mantén, tuluy gogorowokan,
”Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat! Bangsaat!”
Éta jelema kaluar terus kabur mawa suweng sabeulah. Tentara anu jaraga téa tuluy ngarudag, tapi
éta jalma teu kasusul.
Isukna sang ratu maréntah ka tentara jeung rahayatna, pokna, ”Sakabéh bangsa reungit kudu
naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan dina unggal ceuli jelema!”
Ti harita, sakabéh reungit naréangan éta suweng. Nepi ka kiwari reungit-reungit téh masih kénéh
naréangan éta suweng, nempoan kana ceuli jelema-jelema, bari disada, “Suengngng! Suengngng!
Suengngng!.”

https://vierdiensu.wordpress.com/tag/sasakala/

Вам также может понравиться