Вы находитесь на странице: 1из 2

Wasta : Tri Wahyu Juliana

NIM : 1602409
Kelas : 6C

DOA

Gusti Nu Maha Asih


Ulah pegat maparin kasabar
Jeung kakiat ka sakumna umat
Nu kiwari taya nu ngarumat

Ulah kendat maparin rohmat


Kapageuh jeung kereteg iman
Enggoning maranehna nandaan cocobaan

Gusti Nu Maha Kawasa


Hudangkeun Jiwana
Ummat nu dikaniaya
Mangka tandang
Ngabela bebeneran
Nu kiwari keur pada nukangan

Gedurkeun sina jihad


kateuneung jeung kaludeungna
Enggoning ngadegkeun hak
Nu ayeuna keur pada ngaruksak

Tetegkeuna imanna
Sing Panceg
Ajeg!
Ulah galideur
Najan sasieur!
Bandung, Agustus 1965

Kritik Sastra

Sajak “Doa” karya Ajip Rosidi

Sajak nu judulna “Doa” karya Aji rosidi ngagambarkeun kasedih jeung kaprihatinan
panulis ka kaayaan manusa jaman ayeeuna ngaliwatan doa-doa nu panjatkeun ka Gusti dina
wangun sajak.

Sajak “Doa” nembongkeun kaayan manusa nu bobrok rasa kamanusaan jeung


kaimanana. Jaman ayeuna dina ngajalankeun kahirupana jeung nyanghareupan cocoba, manusa
geus luntur kaimanana. Loba jalma nu geus hare-haré jeung teu paduli kana bebeneran. Malah
teu saeutik ngantep kagoréngan jeung teu wani ngabéla kana bebeneran. Kuniktuna dina sajak nu
jejerna Doa kaya Ajip Rosidi, panulis ngébréhkeun doana ka Gusti ngaliwatan sajak. Ménta
sangkan manusa dikuatkeun imanna, dihudangkeun jiwana jeung wani bajoang (jihad) ngabéla
bebeneran. Panulis dina ieu sajak ngingetan yén urang salaku manusa kudu kuat iman jeung
kudu leuwih ngadeukeutkeun diri sangkan ditangtayungan ku Gusti.

Dina ieu sajak Ajip Rosidi ngagunakeun baasa anu sederhana tur babari kaharti atawa
dipikapaham ku pamaca. Kukittunaa pamaca bisa langsung nyanggkem ma’na nu hayang
ditepikeun. Nya éta manusa salilana kudu aya dina panangtayungan Gusti.

Вам также может понравиться

  • Poé Sénén
    Poé Sénén
    Документ2 страницы
    Poé Sénén
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Wangenan Résénsi
    Wangenan Résénsi
    Документ3 страницы
    Wangenan Résénsi
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Analisis Data PDF
    Analisis Data PDF
    Документ10 страниц
    Analisis Data PDF
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Poé Sénén
    Poé Sénén
    Документ2 страницы
    Poé Sénén
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Poé Sénén
    Poé Sénén
    Документ2 страницы
    Poé Sénén
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Wangenan Résénsi
    Wangenan Résénsi
    Документ3 страницы
    Wangenan Résénsi
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет
  • Kabokér 111
    Kabokér 111
    Документ7 страниц
    Kabokér 111
    Ajeng Fatiyah Azahra
    Оценок пока нет