Академический Документы
Профессиональный Документы
Культура Документы
1. Dongeng teh kaasup kana karya sastra dina wangun naon ? (prosa, nyaeta prosa buhun)
2. Naon bedana dongeng jeung novel ditilik tina wangun karya sastra ? (dongeng kaasup kana
prosa buhun, sedengkeun novel kaasup kana prosa modern)
3. Naon ciri utama nu aya dina carita dongeng ? (carita dongeng mah pamohalan atawa teu
asup kana akal)
4. Kunaon dongeng sok dipikaresep ku barudak ? (sabab carita dongeng pamohalan)
5. Kuanon anu ngarang dongeng sok teu dipikawanoh atawa anonim ? (sabab dongeng
sumebarna sacara lesan atawa tatalepa)
6. Naon anu dimaksud unsur pamohalan dina dongeng ? (pamohalan hartina caritana teu asup
kana akal)
7. Naon bae conto kajadian pamohalan dina dongeng ? (sato bisa nyarita, jelema bisa ngapung)
8. Sebutkeun conto rupa-rupa dongeng (fabel, parabel, sasakala, mite, sage)
9. Sebutkeun conto dongeng Sunda (Si Kabayan Ngala Nangka, Sasakala Gunung Tangkuban
Parahu, Prabu Siliwangi)
10. Naon bedana dongeng jeung wawacan (dongeng mah prosa sedengkeun wawacan mah
puisi)
11. Naon sasaruan dongeng jeung wawacan (dongeng eusina mangrupa carita, wawacan oge
eusina mangrupa carita)
12. Naon sasaruan dongeng jeung novel (dongeng jeung novel sarua mangrupa wangun prosa)
13. Naon bedana dongeng jeung novel (carita khayal nu aya dina dongeng mah pamohalan,
sedengkeun carita khayal dina novel mah logis)
14. Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka kaasup kana rupa dongeng naon ? (parabel)
15. Dongeng Sasakala Gunung Tangkuban Parahu kaasup kana rupa dongeng naon ? (sasakala
atawa legenda)
PAMAYANG
(Karya : Rachmat M. Sas. Karana)
Bulan imut
ngangkleung di langit
budak ulin di buruan
Angin darat
muru ka laut
pamayang nyolendang korang
Parahu leutik
laju nyiriwik
nganteur usaha di sagara
Warna perak
‘na beungeut ombak
beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan
pikeun kahirupan
laut lega paparin Pangeran
LAGU HIRUP
(Karya : Eddy D. Iskandar, 1992)
CINGCIRIPIT
Ngariung di pakalangan
waspada ngantelkeun curuk
curuk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeun
dampal leungeun dikeupeulkeun
“jék-jék nong”
nu kacapit tunggu lawang
PANGBALIKAN
(Karya : Wahyu Wibisana, Ciawang)
Ku balarea
Jadi mumusuhan
Jeung batur sorangan 39. Dua Malak
Demi cita-cita
Kabeh diparat Kami mah aya
Di unggal taktak
Mawa Mangpaat Kami mah ningali
Hyang Rahman Kami mah nyakseni
Resep nu mangpaat Kami mah nguping
Kanjeng nabi Kami mah nunutur
resep ka nu mangpaat
Ka mana wae anjeun?
Leuwih hade Kumaha wae anjeun?
Mun bisa mawa mangpaat Nanaonan wae anjeun?
Keur nu lian Mere naon anjeun?
Kahyangan Ngomong naon wae anjeun?
Jadi pangbalikan Eling teu anjeun?
Lahir Ku jalmi-jalmi
Indung Hirup Gusti Hyang Keresa
Opat puluh poe Hoyong hiji turunan Al Jan
Opat puluh peuting Jadi Ratu di hiji langit
Gusti Hyang Keresa
Indung Hirup
Mapay-mapay dunya Hatur nuhun
Maparinkeun kahuripan Sadaya puji kagungan
Pikeun Dewi Pertiwi Gusti
Leumpang Awan
Sakuat-kuatna nu hirup
Moal tangtu bakal cicing
Saumur hirupna
Indung Dunya purah kukuiran
Nunutur Dewi Sarangenge
Nunutur Angin
Saeutak-eutik
Lir leumpangna awan
Nu matak nyilakakeun
Oge nu mawa sakur nu hirup
Ka handapeun langit biru
Nu lian
Ka nu jadi anak
Mere parab ka nu di laluhur
Bari nungguan
Indung Hirup
Ngeclak
Silih Tulungan
Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.
Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.