Вы находитесь на странице: 1из 9

Bahasa Sunda

BSUN-3.3/4.3/3/3

UNIT KEGIATAN BELAJAR MANDIRI


(UKBM)

NYUSUN WARTA 

BAHASA SUNDA XI-3

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 1


Bahasa Sunda

IDENTITAS
Nama Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Semester :3
Kompetensi Dasar :

3.3. Menganalisis isi, pola penyajian, dan unsur kebahasaan teks warta (berita) dari
media massa cetak atau elektronik.

4.3. Menyusun teks warta (berita) berdasarkan pengamatan atau hasil wawancara
sesuai dengan struktur dan kaidah kebahasaan. (Mandiri)

Indikator Pencapaian Kompetensi

3.5.1. Mengidentifikasi unsur warta/Iklan (tertib dan disiplin)

3.5.2. Menyebutkan struktur warta/Iklan (tertib dan disiplin)

3.5.3 Menjelaskan unsur kebahasaan warta/iklan (tertib dan disiplin)

3.5.4 Menjelaskan isi warta/iklan (tertib dan disiplin)

4.5.1 Dapat menyusun kerangka warta/iklan (tertib dan Kreatif)

4.5.2 Dapat mengembangkan kerangka warta/iklan menjadi draf warta/iklan


(tertib dan Kreatif)

4.5.3 Dapat menyusun warta/iklan (Tertib dan kreatif).

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 2


Bahasa Sunda

Materi Pokok : Warta


Alokasi Waktu : 8 JP x 45 Menit
Tujuan Pembelajaran

Melalui model pembelajaran inquiri , problem besad learning dalam


proses pembelajaran materi warta, peserta didik mampuh
menganalisis isi, pola penyajian, dan unsur kebahasaan teks warta
(berita) dari media massa cetak atau elektronik.. (Mandir).
Menyusun teks warta (berita) berdasarkan pengamatan atau hasil
wawancara sesuai dengan struktur dan kaidah kebahasaan.
(Mandiri)

Materi Pembelajaran
Lihat dan baca buku teks pembelajaran :
Yayat Sudaryat & Deni Hadiansah. 2017. Panggelar Basa Sunda SMA Kelas XI. Jakarta: Erlangga.
LBSS. 1987. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

PETA KONSEP

Maca conto warta

meragakeun/mintonkeun
maham kana teks warta
warta

WARTA

Nyusun warta Mikaweruh perkara warta

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 3


Bahasa Sunda

KEGIATAN PEMBELAJARAN

a. Pendahuluan

 K etika akan memulai suatu hal alangkah baiknya mengucapkan basmallah/berdoa


begitupun ketika akan memulai belajar
 Coba anada cermati gambar berikut :

Hmmm..... tah naon cing gambar diluhur teh ?


Naon nu aya di pamikaran hidep ??

Kiwari mah warta téh leuwih laluasa tur leuwih


canggih ditepikeunana téh, sajaba ti koran, majalah,
tabloid, radio, televise, telepon, ogé geus bisa dibandungan
dina internet.
Warta anu ditepikeun ngagunakeun basa tulis
biasana wangun médiana mangrupa koran (surat kabar),
tabloid, atawa majalah.
Midangkeun warta ku basa tulis, sajaba ti basana
kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah
basa tulis, sabab upama salah ngagunakeun éta kaidah
basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud
eusi warta nu ditepikeun.

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 4


Bahasa Sunda

A. Kagiatan Inti
1. Petunjuk umum UKB
 Baca dan pahami materi pada Buku teks Pelajaran yayat sudaryat, panggelar
basa sunda kelas XI,
 Setelah memahami isi bacaan maka berfikirlah untuk menyelesaikan tugas
yang ada pada UKB ini baik bekerja sendiri maupun bersama teman
sebangku atau teman lainnya.
 Kerjakan UKB ini di buku kerja atau langsung mengisi pada bagian yang telah
disedikan
 Jika ananda dapat belajar bertahap, berlanjut dan yakin sudah mampuh
menyelesaikan problem dalam kegiatan belajar 1,2 dan 3 ananda
diperkenankan untuk mengikuti tes formatif agar dapat belajar ke UKB
berikutnya.
1) Kegiatan Belajar
Yukzz akh kita mulai belajar dengan penuh semngat demi mencapai cita-
cita yang sudah ada di depan mata 

Kegiatan Belajar I

 Pek baca ku hidep sarta regepkeun materi dina Buku teks Pelajaran
Sudaryat,yayat. 2017. Panggelar Basa Sunda SMA Kelas XI. Jakarta:
Erlangga. (Halaman)
 Sabada dibaca naha hidep ngarti naon anu dimaksud nu baris ku hidep
dibaca ?

 Lamun masih keneh bingung, hidep tiasa buka kamus dwi basa / google
translate.
 Pek hidep identifikasi eta carita pondok

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 5


Bahasa Sunda

 Pek hidep jelaskeun eusi carita pondok


 Salajengna pek hidep eusian latihanna dina Buku Teks Pelajaran yayat
sudaryat, panggelar basa sunda kelas XI, halaman

Kegiatan Lanjutan

Kegiatan Belajar II

Kecap warta téh ngandung harti béja, béwara,atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun
béja. Kecap warta asalna tina basaSansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep
kungsingadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh
dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa
dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid.

Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, di antaranapikeun nepikeun béja, pangajak, iklan, propaganda
atawa promosi, jeung sajabana. Ku lantaran tujuanana ruparupa nya istilahna ogé rupa-rupa deuih.

Nilik dumasar cara nepikeunana mah warta téhdibagi jadi sababaraha wanda, nyaéta straight news,
depth news, soft news, feature, jeung reportase.

Straight news atawa warta langsung, nyaéta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu
sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari
kahartina ku nu narima. Éta warta samodél kitu téh sok disebut ogé hard news atawa spot news.

Depth news nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok
ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur
kajadian.

Soft news atawa warta hampang mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa raména warta,
tapi leuwih mentingkeun kana aspék kamanusaanana (human interest). Ari nu disebut human
interest nya éta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa empati masarakat kana hiji peristiwa.
Feature, feature story, investigation news atawa warta kisah, nyaéta warta anu dilengkepan ku
kasang tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun
rupa-rupa rasa nu narima éta warta, upamana nimbulkeun rasa kataji, sedih, gumbira, nambah
luang, wawasan, jeung humor.

Reportase (interpretative news) nyaéta ngalaporkeun warta nu ditambahan ku pamanggih


panalungtik/ pangamat jeung sumber tinulis sangkan nu narima éta warta ngarasa sugema sabab

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 6


Bahasa Sunda

meunang data, pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep. Jalma atawa patugas nu
nepikeun reportase sok disebut reporter.

Sajaba ti nu ditataan di luhur aya ogé nu sok disebut

opinion news, nya éta warta nu dilengkepan ku pamadegan nu nulis kana hiji peristiwa nu keur
kajadian. Midangkeun warta biasana merhatikeun prinsip piramida tibalik, nyaéta miheulakeun
nepikeun hal-hal anu penting, nu sok disebut lead, sedengkeun bagian pedarantambahanana atawa
panglengkepna, sarta sok disebut body. Lalawanan tina piramida tibalik nyaéta piramidategak,
nyaéta midangkeun warta sacara kronologis.

Kegiatan Belajar III

Sabada maca ngeunaan mikaweruh kana warta, kumaha hidep ngartos kana hal nu
aya dina carpon ? Pami Parantos ngartos hayu urang lajengkeun deui kana pangajaran
salajengna..... Kumaha masih sumangettt di ajarna ? 

Pék ku hidep baca ieu warta di handap sing alus lentongna! Tur salajengna nyusun warta !!

Biaya Kuliah Distandarkeun, Pamarentah Nyiapkeun Rp. 4 Triliun Keur Paguron Luhur

Mimiti taun ajaran 2013/2014, biaya kuliah mahasiswa di perguruantinggi negeri (PTN)
bakal distandarkeun. Kementerian Pendidikan danKebudayaan (Kemendikbud) netepkeun
plafon maksimal sumbanganpembinaan pendidikan (SPP) nu bisa dipungut ti mahasiswa.
"Ayeuna loba pisan komponén biaya nu dipungut ti mahasiswa.

Salian ti éta ogé biaya kuliah nu mahal jadi bangbaluh. Padahal dumasarUU Pendidikan
Tinggi, biaya kuliah kuduna bisa kahontal. Ku kituna,biaya pendidikan di PTN bakal diatur,"
ceuk Mentri Pendidikan Nasional dan Kebudayaan, Mohammad Nuh, Kemis (27/9/2012) di
Jakarta. Nuh nyebutkeun, Kemendikbud geus nyieun tim pikeun nyusun standar satuan
biaya operasional pendidikan.

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 7


Bahasa Sunda

Standar biaya éta dipastikeunbérés dina bulan Pébruari 2013. Tapi, Nuh can bisa
nyebutkeun plafonpangluhurna nu bakal ditetepkeun pamaréntah."Mimiti taun ajaran
anyar 2013/2014, komponén biaya nuditerapkeun ka mahasiswa, SPP wungkul. Ieu nu
disebut SPP tunggal. Teu siga komponén nu loba pisan saperti ayeuna, aya pungutan satuan
kredit semester (SKS), sumbangan pendidikan, SPP, jeung sajabana. Dipiharep standar biaya
ieu jadi patokan supaya biaya kuliah bisa kahontal," ceuk Nuh.

Nu dijadikeun tinimbang dina netepkeun standar biaya ieu nya éta dumasar kawilayahan,
program studi, jeung karakteristik perguruan tinggi. Saperti nu geus ditetepkeun, tata kelola
PTN dibagi jadi PTN badan hukum, PTN badan layanan umum, jeung PTN satuan kerja.

Ayana standar biaya pendidikan di PTN, ceuk Nuh, jadi alat kontrol pikeun masarakat jeung
pamaréntah. Ku sabab kitu, pamaréntah boga instrumén pengawasan ku cara nerapkeun
insentif jeung disentif.

Lamun PTN ménta biaya SPP ti mahasiswa ngaleuwihan plafon maksimal nu ditetepkeun,
maka pamarintah méré sangsi dikuranganana bantuan dana pamaréntah pikeun éta PTN.
Sabalikna, lamun PTN bisa ningkatkeun dana ngaliwatan pengelolaan risét, mangka
pamaréntah bakal méré inséntif ku cara nambahan dana ka éta PTN.

"Baheula, pamaréntah ngan bisa ngagero supaya PTN teu naékkeun biaya kuliah. Ayeuna,
geus aya instruménna, kasup jeung nerapkeun sangsi finansialna," ceuk Nuh.

Dina taun 2013, pamaréntah ngalokasikeun bantuan operasional pendidikan tinggi (BOPTN)
Rp 4 triliun. Dana nu dikocorkeun ka sakabeh PTN ieu ditargetkeun sangkan PTN henteu
naékkeun waragad kuliah.

(Sumber: Majalah Cahara)

Kegiatan Belajar IV

 Samemeh hidep mintonkeun warta. Hmmm....


 Naha hidep parantos ngartos kana hal warta ?
 Naha aya bangbaluh perkara nyusun warta
 Upami teu aya, aya sababaraha hal anu kedah diperhatoskeun nalika
mintonkeun warta

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 8


Bahasa Sunda

Sengkeran
Aspẻk Kritẻria Skala
Ngajén
a. Ucapan (bẻntẻs, artikulasi) Jẻntrẻ 5-20
Sora b. Lentong (tekenan, wirahma, randegan) Merenah 5-20
c. Bedas/kuat/power Kuat 5-20
a. Ẻksprẻsi Ẻksprẻsif 5-20
Gẻstur
b. Rẻngkak jeung peta Saluyu 5-20
Jumlah 25-100

Penutup

Bagaimana Anda sekarang?

Setelah mempelajari pelajaran 1, 2, 3, dan 4 apakah Anda sudah menguasai materi


resensi ? Apabila sudah, mintalah tes formatif kepada guru Anda sebelum belajar ke UKB
selanjutnya. Tetap semangat dan sukses selalu !

Mugia hidep salawasna suksek dunya tur akherat. Aamiin........ 

UKBM SMA NEGERI 2 CIBINONG Page 9

Вам также может понравиться